Kaca Payun

Perkawis Girimukti

Gapura

Padungdengan

Tagog

Nu Maca

Iber Buku Sunda

Rumpaka

Béwara

Résénsi Buku

Kolom Ajip Rosidi

Ésséy

Carita Pondok

Sajak-Dangding

Guguyon

Kleub Buku

Arsip Lalayang

 

 

 - Hadiah Sastra Rancagé 2003 -


Kaputusan

Hadiah Sastra "Rancagé" 2003



 

Kalawan rido Allah SWT, alhamdulillah Hadiah Sastra “Rancage” 2003 baris dipasrahkeun ka para pangarang anu bukuna nu medal taun tukang (2002)  dianggap nyoncolang katut jalma-jalma anu dianggap gede jasana pikeun ngamekarkeun basa katut sastra Sunda, Jawa jeung Bali. Hadiah Sastra “Rancage” nu munggaran (1989), ngan  jang pangarang Sunda  bae, diayakeun sacara pribadi. Sabada lima taun diadegkeun Yayasan Kabudayaan “Rancage” sarta ngaluarkeun Hadiah Sastra taunanana ditambahan pikeun sastra Jawa (mulai 1994) jeung sastra Bali (mulai 1998). Ku kituna Hadiah  “Rancage” pikeun sastra Sunda teh anu ka-15 kalina, ari nu keur sastra Jawa anu ka-10 kalina, keur sastra Bali nu ka-6 kalina. Alhamdulillah mayeng saban taun teu kungsi pegat. Pikeun saban basa disayagikeun dua hadiah, nyaeta pikeun karya (buku anu medal dina taun samemehna) jeung pikeun jasa (jalma atawa lembaga anu geus nembongkeun jasa kana kamekaran basa katut sastra di daerahna  masing-masing). Jadi kabehna aya 6 hadiah mangrupa piagem jeung duit masing-masing Rp. 5 juta.  Salian ti eta disayagikeun Hadiah “Samsudi” pikeun para pangarang nu nulis carita budak dina basa Sunda.

Taun 2002 pamedalan buku dina basa Sunda, Jawa jeung Bali beuki euyeub jumlahna dibandingkeun jeung taun samemehna. Buku bacaan basa Sunda (kaasup bacaan barudak) nu medal aya 27 judul (taun 2001 aya 13 judul), buku basa Jawa aya  10 judul (taun 2001 aya 7 judul), ari sastra Bali aya 19 judul (taun 2001 aya 11 judul). Buku bacaan barudak dina basa Sunda nu medal taun 2002 aya 8 judul (taun 2001 ngan aya 2 judul).  Sanajan masih tacan saimbang jeung jumlah panyatur masing-masing basa, tapi dibandingkeun jeung taun-taun samemehna, geus nembongkeun ayana kamajuan.

 

Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun sastra Sunda

Kana jumlah 27 judul buku Sunda anu medal taun2002 teh henteu kaasup kamus-kamus jeung buku-buku pangajaran. Nu mangrupa karya sastra (roman, kumpulan carita pondok, kumpulan sajak, terjemahan) mah ngan aya 18 judul, sabagian citak ulang, jadi nu anyar mah ngan aya 7 judul, nyaeta 4 kumpulan carita pondok, hiji kumpulan sajak, hiji kumpulan prosa lirik, jeung hiji roman. Hiji deui mangrupa kumpulan tulisan tina internet henteu diasupkeun kana nu diajen pikeun meunangkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003.  Nu mangrupa citakan mindo nyaeta Laleur Bodas beunang Samsu, Jodo Pakokolot jeung Anis Aljalis beunang R. Memed Sastrahadiprawira, Si Kabayan Jadi Dukun, Palika jeung Jin, Buah Koldi, Istri Pelit jeung Saepul Muluk  beunang Moh. Ambri, Beber Layar! beunang Ajip Rosidi, jeung Sripanggung beunang Tjaraka. Cara sasari citakan mindo jeung karangan Ajip Rosidi mah henteu kaasup anu dibere ajen pikeun meunangkeun Hadiah “Rancage”.

            Demi buku-buku anu diajen pikeun meunangkeun hadiah sastra “Rancage” 2003 nyaeta: Anak Jadah kumpulan carita pondok Cecep Burdansyah, Dukun Lepus kumpulan carita pondok Ahmad Bakri, Pantun Pangrajah kumpulan carita pondok Usman Supendi, Ombak Halimun kumpulan sajak Hadi AKS, Awaking Jimat Awaking kumpulan prosa lirik Wahyu Wibisana jeung Kembang-kembang Petingan roman beunang Holisoh M.E. Ti Pulpen tepi ka Pajaratan mah mangrupa kumpulan carita mini hasil sayembara, henteu kaasup anu diajen da lain karya hiji pangarang.

            Anak Jadah ngamuat sawelas carita pondok Cecep Burdansyah, di antarana aya nu kungsi dileler Hadiah Sastra LBSS. Rereana nyaritakeun kateuberesan di masyarakat kiwari bari ngagambarkeun nasib sileutik anu salilana jadi wadal kateuadilan. Dina sawatara carita Cecep bisa ngagambarkeun realitas nu dicaritakeunana kalawan hirup cara dina “Bagea nu rek datang”,

“Tunggal Sagetih”, “Potret Tilu Jalma dina Albeum Kuring”  jeung “Anak Pulung”. Tapi dina sawatara carita pondok sejenna, kakara nyarita sacara verbal atawa mangrupa formulasi pikiran anu henteu nepi ka jadi carita cara dina “Nu Datang Patutur-tutur” jeung “Nu Hayang Ajeg Tangtungan”. Sanajan sacara umum mah Cecep bisa disebut lancar dina ngagunakeun basa Sundana,  tapi rea keneh ungkara anu mangrupa salinan sajalantrahna tina basa Indonesia salian ti dina gunem-catur mah sakapeung basana campur meureun ngahaja sangkan leuwih jiga enya.

            Pantun Pangrajah ngamuat dua welas carita pondok beunang Usman Supendi, di antarana aya nu kungsi meunang hadiah sastra LBSS. Rereana nyaritakeun barobahna kahirupan jeung ajen-inajen Sunda ku sabab pangaruh kakuatan “pembangunan ekonomi”. Nu digambarkeun rereana jalma-jalma anu hayang mageuhan talari karuhun jeung ajen-inajen heubeul henteu walakaya nyanghareupanana. Rea anu jadi korban ku tingkah anak atawa kulawargana sorangan anu kapangaruhan ku moral “pembangunan ekonomi” ngan nenjo kauntungan material jeung finansial bae bari henteu ngaragap hate nu jadi kolot cara dina “Hiji Poe dina Bulan Desember” jeung “Basa Aki Nganjang ka Lembur”. Barobahna masarakat nepi ka henteu mageuhan deui titinggal karuhun dicaritakeun dina “Pantun Pangrajah”, “Kacapi”, “Kuda Renggong”, “Reureuhna Dewi Sri”, jeung “Rengkong”. Cindekna umumna carita-carita pondok Usman anu dimuat di dieu teh mawa suasana kulawu nu matak pesimistis. Ngan dua caritana anu matak hegar, nyaeta  “Ngalongok Lembur” nyaritakeun urang Sunda anu sakola di Amerika diajar ngajenan budaya karuhunna ti urang Bule sarta waktu di lembur nyaksian karuksakan anu ditimbulkeun ku bapana anu ngalaksanakeun “pembangunan ekonomi” bari henteu mikirkeun akibatna kana kahirupan katut budaya urang lembur tuluy rek ngajual saham pamere bapana pikeun ngawangun masjid di lemburna; jeung  “Tepung di Panglaksaan” nu nyaritakeun tepung jodona dua mahasiswa di lemburna dina upacara tradisional ngalaksa. Ngan dina ngagunakeun basa Sunda, kaciri pisan yen Usman teh mikir sarta ngarakit ungkarana dina basa Indonesia nu tuluy diSundakeun, tur henteu salilana manehna manggihan kecap anu merenah pikeun mindahkeun kecap jeung ungkara kalimah basa Indonesiana. Cara kalimah kadua dina carita munggaran nu unina “Leungeun kencana nu hepe kateureuy ku umur nyekel tangkal hanjuang nu ngiuhan kuburan Kai Antasan” apan sidik salinan sajalantrahna tina ungkara basa Indonesia “Tangan kirinya yang kurus dimakan usia memegang pohon hanjuang yang menaungi kuburan Kai Antasan”. Ungkara “kateureuy ku umur” sidik euweuh dina basa Sunda sarta eta teh salinan tina ungkara basa Indonesia “dimakan usia”. Kitu deui ungkara  dina alinea eta keneh nu unina “bedog diasupkeun deui kana jero sarangkana” apan sidik   salinan tina “golok dimasukkan lagi ke dalam sarungnya”. Dina ungkara basa Sunda mah teu kudu make kecap “jero” deui, jadi cukup ku “bedog diasupkeun kana sarangkana”.

            Hal cara kitu teh rea kapanggih dina karangan-karangan para pangarang ngora cara anu kungsi disebutkeun dina Kaputusan taun tukang  jigana akibat tina kurangna kasempetan macaan buku-buku sastra Sunda modern anu geus klasik cara karangan Moh. Ambri, R. Memed Sastrahadiprawira, R. Satjadibrata jeung sabangsana. Mudah-mudahan dipindo citak deuina buku-buku heubeul aya pangaruhna kana kamampuh para pangarang ngora dina enggoning ngagunakeun basa Sunda.

            Kalemahan dina ngagunakeun basa Sunda teh henteu kapanggih dina carita-carita pondok Ahmad Bakri anu dimuat dina Dukun Lepus mah. Ahmad Bakri tapis pisan ngagunakeun basa Sunda anu hirup tur sanajan anjeunna ge henteu bisa ngaleupaskeun diri tina pangaruh basa Indonesia tapi ku anjeunna mah jengglenganana jadi Nyunda, sabab panginditanana mikir dina basa Sunda, ngawangun ungkara kalimahna dina basa Sunda. Kabehna aya 41 carita anu dimuat dina Dukun Lepus teh. Rea anu nyaritakeun kahirupan di lembur Sunda, anu ditulis ku Ahmad Bakri kalawan tapis nu ngagambarkeun yen anjeunna wawuh-wanoh kana kahirupan jeung kajiwaan urang lembur nu tara rea codeka. Dina gunem catur pangpangna, anjeunna  rea ngagunakeun kecap-kecap dialek lembur asalna (Rancah, Ciamis) anu ku kituna ngabeungharan kosa kecap basa Sunda. Humor anu sering leleb-anteb sering kapanggih dina carita-caritana, bangun ngajak nu maca sangkan diajar nyeungseurikeun kalakuan sorangan anu henteu merenah. Nu dicaritakeunana ti jaman samemeh perang (“jaman normal”), jaman Jepang, jaman revolusi kamerdikaan datang ka jaman kiwari, nepi ka carita-carita pondok nu dimuat dina Dukun Lepus teh sacara henteu langsung mangrupa panorama kahirupan lembur jeung urang Sunda sapanjang jaman. Ku Ahmad Bakri kagambarkeun barobahna ajen-inajen kahirupan dina unggal jaman, nepi ka carita pondokna salian ti miboga ajen sastra teh miboga ajen dokumentasi sosial deuih. Cindekna ku carita-carita pondok anu dimuat dina Dukun Lepus, Ahmad Bakri ngabeungharan khazanah sastra Sunda ku karya anu luhur ajenna.

            Ombak Halimun mangrupa kumpulan sajak Hadi AKS nu munggaran, diwangun ku dua bagian nu masing-masing dijudulan “Ombak” jeung “Halimun”. Dina nu dikumpulkeun dina “Ombak” rea ngagambarkeun kahirupan di laut jeung rea ngasupkeun kecap dialek Banten – Hadi dijurukeun di Pandeglang. Minangka kecap ganti diri kahiji sering digunakeun “kami” nu mere warna dialek Banten, tapi ana dikantetkeun jeung kecap ganti diri kadua “anjeun” cara dina sajak “Pandeglang”, asa jadi jomplang da kecap “anjeun” mah digunakeunana dina lingkungan anu beda. Dina sajak-sajak anu dikumpulkeun dina “Halimun”, warna Banten diganti ku warna Bandung jeung Lembang atawa kota sejenna. Kecap-kecap dialek Banten henteu digunakeun. Nu jadi subyek sajakna umumna dirina pribadi – beda jeung anu kapanggih dina sajak-sajak nu dikumpulkeun dina “Ombak” nu rea ngagambarkeun kahirupan sosial sisi laut. Tapi sacara umum Hadi bangun masih repot neangan ungkara jeung wangunan sajak anu cocog jeung nu rek dikedalkeunana.

            Prosa lirik Wahyu Wibisana nu dibukukeun jadi Anaking Jimat Awaking mangrupa galindeng hiji bapa nyarita ka anak-anakna nu masih keneh jadi kembang buruan, ngeunaan kahirupan sapopoe di lingkungan rumahtangga hiji pagawe (negri). Sanajan ngagunakeun kecap “hidep” nu ditujukeun ka barudakna, tapi nu ditulis ku Wahyu leuwih ditujukeun ka dirina sorangan, ngajak anu maca milu asup ka dunyana anu tingtrim, leupas tina pasualan-pasualan badag dina kahirupan nyata.

            Holisoh M.E., pangarang Sunda anu pangproduktifna bari jeung kreatif (manehna geus nulis leuwih ti 300 carita pondok dimuat dina rupa-rupa majalah mayeng ti taun 1970-an nepi ka kiwari), taun 2002 medalkeun roman Kembang-kembang Petingan, nu waktu dimuat nyambung dina Mangle geus nyababkeun nu ngarangna narima Hadiah LBSS. Ieu teh roman Holisoh nu kadua nu medal jadi buku. Nu munggaran judulna Katineung (1998).  Kembang-kembang Petingan caritana ngeunaan awewe anu tikunclung kana kanistaan jadi ungkluk ku lantaran dinyenyeri ku salaki, nu waktu aya nu ngajait dijadikeun pamajikan anu sah, nyanghareupan masarakat anu henteu narima urut ungkluk aya di lingkunganana, mangkaning pamajikan salakina anu kolot oge ngontrog deuih nyarekan laklak dasar. “Na teu meunang awewe bangor jadi bener? Na  teu meunang ungkluk milu hirup kumbuh di sabudereun awewe-awewe bener? Jeung barina ge kuring mah ruruntuk lain awewe bangor!” .... “Atawa meureun ungkluk mah kudu tetep we jadi ungkluk, teu meunang jadi bener ..... Ana kitu mah teu adil atuh dunya teh...... Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu tobat ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub wae?” Holisoh ngagugat  kamunapekan masarakat dina tungtung karanganana. Ngan anu ngajadikeun Kembang-kembang Petingan pinunjul mah lain gugatanana, tapi kaparigelan Holisoh dina ngagambarkeun kahirupan dunya mesum kalawan realistis jeung hirup. Nu digambarkeunana lain ngan kahirupan fisikna sapopoe, lain ngan kaayaan di imah si Mamih anu ngukut “kembang-kembang petingan”, tapi alam batin jalma-jalma anu araya di dinya deuih: kanyerina, harga dirina, kanyaahna ka nu jadi anak atawa kolot, kateuresepna ka “langganan” tapi nu kudu dilayanan kalawan hade, cindekna Holisoh nyieun potret realistis nu matak hemeng ku sabab pagaweanana sapopopoe apan jadi guru.

            Ku kituna sabada pabeurat-beurat beusi jeung Dukun Lepus kumpulan carita pondok  Ahmad Bakri,  nu dileler Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun karya dina basa  Sunda teh

                       

Kembang-kembang Petingan

                        Roman beunang Holisoh M.E. (l. 25 Desember 1952 di Kabupaten Bandung)

                        Seri Girimukti wedalan PT Kiblat Buku Utama, Bandung

 

            Ka Holisoh M.E. baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003 mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5.000.000).

            Ari anu kapilih pikeun nampa Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun jasa dumeh gede sumbanganana kana usaha makayakeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, nyaeta

 

            Dra. Tini-Kartini

                        (lahir di Tasikmalaya, 29 Oktober 1933)

 

            Tini mimiti nulis carita pondok waktu keur jadi mahasiswi B-I basa Sunda, dimuat dina sk. Sipatahoenan (1959). Saterusna karangan-karanganana dimuat dina Madjalah Sunda, Mangle jllna. Carita-carita pondokna dibukukeun jadi Jurig! (1963), Pasea (1965) jeung Nyi Karsih.  Bukuna nu sejen: Jurig Kabayan nu mangrupa pindo catur tina dongeng-dongeng Si Kabayan.  Salian ti carita pondok Tini ge sok nulis sajak, bahasan jeung terjemahan. Satamatna ti B-I, diangkat jadi guru SPG di Tasikmalaya bari neruskeun kuliah di Jurusan Bahasa dan Sastera Indonesia FPBS IKIP Bandung ekstension Tasikmalaya nepi ka tamat. Eureun tina ngaguruan, Tini didamel di Kanwil Depdikbud Jawa Barat, mimitina di Bidang Permuseuman tuluy pindah ka Bidang Pendidikan Masyarakat nepi ka pangsiun.  Tini ge rea ngayakeun panalungtikan ngeunaan basa katut sastra Sunda dina raraga proyek penelitian Pusat Bahasa, boh nyalira boh babarengan jeung nu sejen jadi anggota atawa Ketua Timna, nu geus medal di antarana Daeng Kanduruan Ardiwinata, Sastrawan Sunda (1979), Biografi dan Karya Pujangga Haji Hasan Mustapa (1985), Undak-usuk basa Sunda, jllna. Waktu para pangarang wanoja Sunda ngadegkeun organisasi Patrem (1982), Tini kapilih jadi sesepuhna nu munggaran. Tini ge sering kaselir jadi anggota atawa sesepuh juri rupa-rupa sayembara jeung hadiah sastra kayaning juri Hadiah Sastra LBSS, Hadiah Sastra D.K. Ardiwinata, jllna. Sabada pangsiun Tini milu ngokolakeun Perpustakaan Prof. Dr. D.A. Tisnaamidjaja.

            Ka Dra Tini-Kartini baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun jasa mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5.000.000).

 

Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun sastra Jawa

10 judul buku anu medal dina basa Jawa  taun 2003 teh, 6 mangrupa kumpulan sajak, 4 roman, nyaeta Geguritan Alam Sawegung, Geguritane Wong Pensiyunan, Geguritan Siberberberber, tiluanana karya Sudi Yatmana; Winih Semi jeung Sastra Campursari mangrupa kumpulan babarengan, Dongeng Wanci Purnama kumpulan sajak Diah Hadaning kabehanana kumpulan sajak, ari roman-romanna:  Pisungsang kang Wingit karya Atas S. Danusubroto, Lintang Panjer Rina karya Daniel Tito, Candhikala Kapuranta karya Sugiarta Sriwibawa jeung Tumlawung karya Dhiajeng Naniek (Drs. F.C. Pamudji). Ti nu 6 kumpulan sajak, dua mangrupa antologi nyaeta Winih Semi, kumpulan guritan hasil “Bengkel Sastra Jawa” nu diayakeun ku Balai Bahasa Yogyakarta jeung MGMP sakabupaten Bantul; jeung Sastra Campursari nu mangrupa antologi sajak-sajak Jawa dina dialek Osing, Madura, Surabaya jeung Mataraman. Ku lantaran mangrupa kumpulan babarengan, duanana ge henteu kaasup nu diajen pikeun meunangkeun Hadiah Sastra “Rancage”.

            Tina 4 kumpulan sajak teh, 3 dikarang ku saurang, nyaeta Sudi Yatmana nu narima Hadiah Sastra “Rancage” 2002 pikeun jasa, judulna Geguritan Alam Sawegung, Geguritane Wong Pensiyunan jeung Geguritan Siberberberber. Istimewana salian ti sakapeung make terjemahan dina basa Indonesia jeung Inggris teh, sok make katerangan dina basa Inggris ngeunaan kecap-kecap Jawa anu dipake dina sajakna deuih. Eusi sajak-sajakna rea anu nembongkeun jiwa optimis nu nulisna nu resep kana eksperimen. Rea anu mangrupa gagasan-gagasan ngeunaan hirup  anu dianut ku nu nulisna atawa ngagambarkeun kanyataan anu disanghareupan.   Dina nyelap-nyelapkeun basa Inggris atawa Indonesia dina guritan (sajak) basa Jawa bisa disebut inovatif nyaeta dina usaha ngawangun konsep estetis nu hegar tur anyar. Ngan hanjakal gagasan-gagasanana tacan namper sacara estetis, usahana nu inovatif  nimbulkeun kesan kasar nu nyababkeun karyana tacan nepi kana tarap puisi.

            Kumpulan sajak Diah Hadaning nu judulna Dongeng Wanci Purnama, eusina rea nu ngagambarkeun masalah sosial, masalah lingkungan, masalah gender, catetan panyabaan, pupujian jllna. Sakapeung tandang gagah pertengtang, sakapeung leuleuy matak tingtrim. Hanjakal kurang dibarengan ku usaha ngolah aspek sejen anu penting pikeun logika puitik.  Upamana sakapeung dina pilihan kecap (diksi) leuwih condong kana purwakanti manan kana harti. Atawa kurang merhatikeun buleudna hiji imaji. Dina sajak “Upacara ing Tabir Pedhut” padalisan nu ka-3 unina “cacahe padha lan waspa” (jumlahna sarua jeung cipanon), pan kecap “padha” jeung “waspa” teh henteu miboga hubungan harti sama sakali, salian ti asonansi purwakanti tungtung. Kitu deui dina padalisan nu ka-6: “ati kekes tembange leres” (hate mucicid tur tembangna bener), apan ngan ngudag asonansi purwakanti tungtung, da hartina mah henteu puguh.

            Roman Pisungsang kang Wingit karya Atas Danusubroto nyaritakeun katresna hiji guru SD ka urut babaturan ulinna, tapi henteu laksana. Duanana geus nguyup puncakna katresna, tapi  henteu boga kawani pikeun nembrakkeun hubunganana, dipungkas ku antiklimaks jalaran tokoh lalakina ngadadak nombro ku sabab putusasa. Alur carita anu disusun sacara dinamis sarta matak panasaran, asa babari pisan dianggeuskeun sacara klise.

            Daniel Tito nu nulis Lintang Panjer Rina teh pangarang ngora nu digawe jadi wartawan. Tokoh utama caritana Harjito, indit neangan gawe ka Sumatra ku sabab Winarsih, kabogohna, kawin jeung nu sejen. Waktu Winarsih sabada pegat jeung salakina nyusul ka Sumatra, mimitina mah ditolak ku Harjito anu embungeun ngahampura dosana. Tapi ahirna Harjito leeh ku kasabaran jeung kahadean Winarsih anu ngawulaan indungna waktu gering tur nyorangan di imahna. Sanajan dina ngagunakeun basa katingal yen Daniel Tito teh parigel, tur nembongkeun yen rea maca, tapi carana namatkeun carita jiga dina carita hiburan.

            Roman Sugiarta Sriwibawa nu judulna Candhikala Kapuranta nembongkeun kadaria nu nulisna, lain bae dina milih tema, ngagambarkeun tokoh, latar jeung alur carita, tapi dina pilihan judul jeung bahan-bahan caritana deuih. Tina judulna karasa nuansa budaya Jawa. Harti eta judul teh: Mangsa Srangenge Surup  Cahayana Gumebyar Jingga, nu sacara simbolik ngagambarkeun tokoh-tokoh utama (nu dilambangkeun ku candhikala) musnah kabeh diganti ku munculna sirung (Kusumastuti nu dilambangkeun ku kapuranta). Ku kituna tema utama carita jadi beuki atra da pangarangna taliti dina enggoning milih sarta ngahirup-huripkeun tokoh-tokohna – nu miboga perwatek nu beda-beda – dina bagian-bagian alur (plot) nepi ka karasa jadi dinamis sarta unik. Kaunikan alur nu diwangun ku kakuatan pangarang dina ngagarap kasang tukang budaya Jawa, dirojong ku judul-judul bab nu simbolis teh ngabuktikeun katalitianana. Boh dunya priyayi boh dunya wong cilik kagambarkeun kalawan apik dina sakabeh unsur nu ngarojong carita. Meh teu aya nu dibalikan deui atawa digresi dina alur carita da sakabeh anu digambarkeun ku pangarang miboga harti. Tungtung carita  ngabuktikeun katalitianana dina ngagarap alur ditambah ku ngebrehkeun nu matak panasaran dina waktu anu tepat nepi ka karasa matak kaget – bari jeung endah! Hal sejen nu penting nyaeta ngagunakeun tehnik carita nu make pigura (cerita berbingkai). Carita intina dihapit ku pigura nu mangrupa carita sejen luareun nu utama. Dina pigura kahiji, “kuring fiktif” tepung jeung Pa Atmakusuma dina hiji sore ngaririncik dina taun 1952 atawa 2 taun sabada 1949 di hiji imah di Patrajayan, Solo. Carita ditutup ku munculna deui Pa Atmakusuma sarta si kuring fiktif pamitan rek balik. Nya di dieu munculna Kusumastuti nu ngan sakilas cara nu dilambangkeun ku kecap kapuranta dina judul, tapi nya ti manehna deuih jadi kanyahoan yen saenyana Pa Atmakusuma mah geus maot. Ari inti caritana ngeunaan dua awewe, Munah jeung anakna Munasih. Munah nu asalna  ti desa sacara henteu sadar kapangpengkeun kana kahirupan priyayi Solo anu kasohor rea pancarakenna nu kudu diestokeun ku Munah jeung anakna sabada jadi selir Raden Mas Puspawicitra. Jodo lintas-kelas mere kasempetan ka pangarang pikeun gunta-ganti lingkungan anu dicaritakeunana, sakapeung dunya kaum priyayi, sakapeung kahirupan wong cilik, nyaeta babaturan Munah jeung Asih, tukang maraen wayang wong “Darma Utama” anu dipingpin ku Babah Limpung, hiji Cina peranakan.

            Tumlawung karya Dhiajeng Naniek (ps. F.C. Pamudji nu kungsi nampa Hadiah “Rancage” 1994). Caritana ngeunaan Sumaryana urang desa anu sukses hirupna antarana kajurung ku lantaran kungsi gagal meunangkeun Wundiyah anu direbut ku Heru. Dina ngagambarkeun situasi padesan jeung kalakuan katut basa urang desa nu khas, beunang disebutkeun hade. Tapi hanjakal henteu diimbangan ku ngagarap unsur carita sejenna nu penting.  Alurna upamana henteu pengkuh ku sabab rea digresi, di sagigireun eta rea teuing kabeneran nu jiga gampang pisan kajadianana.

            Sabada nitenan kakurang  jeung kaunggul buku karya sastra Jawa anu 6 judul nu medal taun 2002, Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun karya basa Jawa teh dipaparinkeunana  ka    

  

                        Candhikala Kapuraranta

                        Roman kenging Sugiarta Sriwibawa (l. di Solo, 31 Maret 1932)

                        Terbitan PT Dunia Pustaka Jaya, Jakarta

 

            Demi anu kapilih pikeun dihaturanan Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun jasa dina ngamekarkeun basa jeung sastra Jawa nyaeta

                        Drs. Mochtar

                        Pamingpin Redaksi majalah Panjebar Semangat

                        (Lahir di Pacitan, 27 Februari, 1927)

 

            Mochtar mimiti aktif jadi redaktur Panjebar Semangat taun 1982. Tapi missina tetela hayang neruskeun ngalaksanakeun cita-cita anu ngadegkeun eta majalah, nyaeta Dr. Soetomo nu palayeun ngaronjatkeun martabat bangsa ku jalan atikan nu dumasar kana kabudayaan Jawa. Geus ti awal pamedalanana majalah ieu teh milih ngagunakeun basa Jawa wong cilik, nyaeta basa ngoko (loma). Nepi ka ayeuna jeroning dipingpin ku Mochtar eta missi teh dipertahankeun. Usaha Mochtar enggoning ngabela missina kasaksen tina tajuk-tajuk rencana anu ditulisna, antarana “Memetri Kebudayan Jawa” (no. 27 tn. 1982), “Sumpah Pemuda Dudu Pepalang Tumrap Mekare Basa Jawa” (no. 44 tn. 1983), “Geneya Kudu Basa Manca” ( no. 43 tn. 1988), “Geneya PWI Melu-melu Nyingkur Basa Jawa?” (no. 6 tn. 1995), “Relevansi Basa Jawa karo Pendhidhikan Budi Pekerti”” (no. 20 tn. 2001), jllna.

            Mochtar ngusahakeun ngajak generasi ngora sangkan maca basa Jawa di antarana ku ngabebenah rubrik Panjebar Semangat sangkan dipikaresep ku barudak  ngora, di sagigireun ngayakeun rupa-rupa pasanggiri, cara pasanggiri mojang jang kulit majalah, nulis bahasan ngeunaan carita pondok anu dimuat, jllna. Mochtar ku anjeun rea nransliterasi naskah sastra Jawa kana aksara Latin sarta nerjemahkeunana, antarana Serat Nitimani jeung Serat Jaya-Baya, nerjemahkeun carita-carita pondok asing (karangan G.B. Shaw, Anton Chekhov, Saki, E, Allan Poe jeung Sommerset Maugham) kana basa Jawa nu dibukukeun kalawan judul Serenada Schubert: Kumpulan Cerita Cekak Manca Pilihan sarta ngumpulkeun carita rayat Jawa Timur dina buku Macan Gadhungan: Kumpulan Crita Rakyat Jawa Timur.

            Ka Drs. Mochtar baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003 mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5.000.000).

 

Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun sastra Bali

Dina taun 2002 aya 19 judul buku basa Bali nu medal: 4 kumpulan sajak, 3 kumpulan drama, 5 kumpulan carita pondok, 5 roman jeung 2 terjemahan. Tina 19 judul nu medal teh, 15 di antarana damelan I Nyoman Manda nu kungsi nampa Hadiah Sastra “Rancage” 1998 pikeun jasa. Terjemahan Deru Campur Debu (Chairil Anwar) jeung Tirani dan Benteng (Taufiq Ismail) duanana ge kenging I Nyoman Manda. Lima roman kabehanana kenging anjeunna. Pangarang sejen anu medalkeun leuwih ti sajudul dina taun 2002, nyaeta Putu Bawa Samar Gantang, nu  medalkeun kumpulan carita pondok Macan Raden (Maung Kajajaden), jeung tilu kumpulan sajak: Puisi “Modre” Samar Gantang, Sagung Wah jeung Onyah (Guligah). Pangarang anu kungsi nampa Hadiah Sastra “Rancage” 2001 Agung Wiyat S. Ardhi medalkeun kumpulan drama Bogolan (Jalma hukuman), ari nu kungsi nampa Hadiah Sastra “Rancage” 2002 Djelantik Santha medalkeun kumpulan carita pondok Biur (Huru-hara). Pangarang nu kungsi nampa Hadiah Sastra “Rancage” sejenna, I Made Sanggra (1998), Komang Berata (1999), I Gde Dharna (2000) jeung I Ketut Rida (2000) sanajan henteu medalkeun buku tapi karanganana terus dimuat dina majalah-majalah Canangsari, Buratwangi jeung Satua. Buku sejen nu medal dina taun 2002 nyaeta kumpulan carita Meunyi Gebuh (Rahul) beunang Putu Gede Suata nu matak kataji ku sabab pilihan tema (patali jeung mitos-mitos di masarakat Bali jeung isu kontemporer kayaning kamiskinan) jeung kamampuh basana nu luhur, jeung kumpulan sajak Ning Brahma (Brahma nu Suci) karya Nyoman Tusthi Eddy nu nembongkeun kakuatan panyajakna dina nyiptakeun irama endah ku jalan ngamangpaatkeun kecap-kecap sacara maksimal.

            Sabada diajen kualitas buku-buku anu medal taun 2002 teh, pilihan pikeun dihaturanan Hadiah Sastra “Rancage” 2003 jang karya nyaeta

 

                        Bunga Gadung Ulung Abancang (Kembang Gadung Rontog Sagagang)

                        Roman beunang I Nyoman Manda (l. di Gianyar, 1938)

                        Wedalan Pondok Tebawutu, Gianyar

 

Ieu roman teh mangrupa trilogi nu bagian nu kahijina  medal taun 2001. Dumasar kana babad Dalem Tarukan tina naskah lontar. Sanajan dumasar kana carita heubeul tapi angger matak kapincut ku sabab pangarangna mampuh nyuguhkeun carita heubeul dina plot atawa struktur naratif modern. Bagian kahijina (111 kaca) nyaritakeun tragedi nu kaalaman ku panganten anyar Kuda Penandang Kajar (anak pulung Dalem Tarukan) jeung Dewi Ayu Muter (anak Dalem Samprangan) nu silih pikaasih. Duanana nemahan pati ku sabab ditubles ku keris sakti Ki Tanda Langlang nu bisa ngabelesat sorangan kagunganana Dalem Samprangan nu henteu nyaluyuan duanana nikah. Dewi Ayu Muter diiwat ku Ida Dalem Tarukan, ramana Penandang Kajar sarta rayina Dalem Samprangan. Dina bagian kadua (88 kaca) dicaritakeun mumusuhan antara Dalem Tarukan jeung Dalem Samprangan teh beuki parna. Ku sabab Dalem Samprangan kagungan tekad rek nelasan rayina, atuh Dalem Tarukan teh kakaburan ka tengah leuweung ngantunkeun geureuha nu keur ngandeg, nyamar jadi rahayat biasa pipindahan ti hiji tempat ka tempat sejenna. Sabada sawatara lilana, anjeunna tepang jeung Ida Dewa Bagus Dharma anu sihoreng teh putrana ku anjeun. Dalem Tarukan pupus, tapi Ida Dewa Bagus Dharma boga tekad pikeun nelasan Dalem Samprangan. Dina bagian panungtung (75 kaca) digambarkeun yen para pembantu jeung prajurit balad Dalem Tarukan sabilulungan jeung I Dewa Bagus Dharma pikeun ngagempur pasukanana Dalem Samprangan. Tapi dina waktu bitotama, I Dewa Bagus Dharma jeung pasukanana henteu walakaya nyanghareupan musuh anu kakuatanana manglipet-lipet. Tapi sanajan eleh I Dewa Bagus Dharma dianggap ksatria ku sabab ngabela ramana. Dina tungtung buku pangarang netelakeun yen kulawarga Dalem Tarukan jeung Dalem Samprangan ahirna mah ngahiji deui.

            Dina nuliskeunana, Nyoman Manda kacida ati-atina. Deskripsi carita jeung kasangtukang waktu digambarkeun kalawan taliti, upamana iinditan kana kuda, dahar nginum ngagunakeun batok kalapa, daun atawa nyiru; ari nulis ngagunakeun pangot kana lontar. Gambaran alam, pangpangna florana, matak kataji, pinuh ku ngaran kekembangan di taman anu endah, hegar tur romantis.

Ka I Nyoman Manda baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003  pikeun karya mangrupa piagem jeung duit (Rp 5.000.000).

Demi anu kapilih pikeun dihaturanan Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun jasa nyaeta

 

            I Gusti Putu Basa Samar Gantang

            (Lahir di Tabanan, 27 September 1949).

 

Samar Gantang teh seniman nu masagi. Salian ti nulis, sok ngalukis deuih. Nulis dina basa Indonesia jeung basa Bali ti taun 1960-an waktu masih keneh jadi murid SMA. Kungsi ngeusian acara apresiasi sastra di Radio Menara Denpasar (1973—1983) babarengan jeung Lesiba (Lembaga Seniman Indonesia Bali) nu dipingpin ku I Made Sukada. Dina eta kasempetan manehna sakapeung sok macakeun sajak dina basa Bali modern, di sagigireun sajak basa Indonesia. Tulisanana dina basa Bali kakara medal taun 2000 boh mangrupa buku boh dimuat dina majalah. Kumpulan sajakna Aab Jagat (Kondisi Jagat) meunang pangajen ti majalah Sarad (2001). Taun 2002, Samar Gantang medalkeun 4 judul buku. Carita pondok jeung sajakna nawarkeun kamungkinan-kamungkinan anyar. Dina carita pondokna manehna nimbulkeun isu miara lingkungan ngagunakeun sistim kapercayaan  masarakat Bali kana mitos. Dina sajakna rea nuliskeun kajadian historis nu mangrupa bagian tina sajarah lokal. Manehna ge nawarkeun kamungkinan nulis puisi mantra dina sajak modern Bali cara nu kungsi dilakukeun ku Sutardji Calzoum Bachri dina basa Indonesia. Dina hirupna sapopoe, Samar Gantang jadi guru sastra Indonesia bari mingpin sanggar-sanggar seni jeung sastra di Tabanan nu antarana ngahudangkeun apresiasi kana sastra Bali modern, ngadorong generasi ngora pikeun ngapresiasi, mikacinta jeung nulis dina basa Bali modern.

Ka I Gusti Bawa Samar Gantang baris dihaturtkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun jasa mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5.000.000).

 

Hadiah “Samsudi” 2003 pikeun buku bacaan barudak dina basa Sunda

Dina taun 2002 aya 8 judul buku bacaan barudak basa Sunda anu medal (taun 2001 mah ngan 2 judul), sabagian pindo citak, nyaeta Babalik Pikir, Budak Teuneung, Jatining Sobat jeung Carita si Dirun karangan Samsoedi, jeung Kabandang ku Kuda Lumping karangan Ahmad Bakri – kabehanana pindo citak. Nu mangrupa buku anyar mah Menak Amir, Utara Utari jeung Lutung Leutik karya Ki Umbara. Menak Amir dumasar kana siklus carita Amir Hamzah nu sumebar di sakuliah Nusantara. Ki Umbara nuliskeun versi carita wayang cepak Cirebon, Utara-Utari mangrupa kumpulan dongeng Sunda anu ditulis deui dina gaya nu khas; ari Lutung Leutik dumasar kana carita pantun Kuningan – daerah asal Ki Umbara. Ieu carita anu sakapeung disebut  Ratu Bungsu Karma Jaya teh henteu dikenal di daerah pantun sejenna. Ti antara nu tilu judul, Utara Utari nu panghadena, jadi nya dumasar kana eta buku pisan Ki Umbara baris dihaturanan Hadiah “Samsudi” 2003 mangrupa piagem jeung duit (Rp. 2.500.000).

                                                                        *

Upacara pamasrahan Hadiah Sastra “Rancage” 2003 baris dilaksanakeun dina awal bulan September 2003 nu tempatna baris ditangtukeun pandeuri.

 

Osaka, 31 Januari 2003

Yayasan Kebudayaan “Rancage”,

 

 

Ajip Rosidi

Ketua Dewan Pembina


 

lalayang girimukti online copyright©2002 - desain ku dadan_sutisna@hotmail.com