Angin Kasumba
Ku Annisa Wulandari
Kareta api nu indit jam tujuh peuting geus ngadius ka
wetankeun. Simpe deui kaayaan di setatsion teh. Padahal aya
keneh jalma nu ngajanteng lebah peron. Tapi kabeh oge
jempling taya nu lemek. Taya nu batuk-batuk acan.
Sabudeureun setatsion masih keneh dibanjur girimis. Ti sore
keneh hujan teh can raat bae.
Najan henteu gede, tapi matak
wegah rumingkang.
Poe ieu mah, waktu teh beak dipake ngajentul di setatsion.
Mun teu salah, mimiti anjog teh jam dalapan isuk-isuk. Wanci
haneut moyan. Teuing geus sabaraha hiji kareta api nu datang
jeung nu indit teh. Tapi nepi ka kiwari, tacan panggih keneh
jeung nu didagoan.
Kuring neuteup ka jalma-jalma
nu ngajanteng dina peron. Boa maranehna oge aya nu saniatan
jeung kuring, ngadagoan hiji jalma, nganti anu mere jangji.
Beda we patingharuleng, bangun hanjelu. Katembongna lieuk
deui, lieuk deui, nenjoan kareta anu datangna ti wetankeun.
Poe tadi, basa rek indit ka
kantor, manehna nelepon.
"Kang, dinten deui abdi ka Bandung. Kaleresan enjing teh
ngawitan lebet kuliah. Papagkeun nya, di setatsion!"
"Jam sabaraha angkatna?"
"Ayeuna oge tos bade jung!"
Telepon ditutup. Kuring pindah mobil, kana angkot jurusan
setatsion. Keun bae teu miluan apel oge. Angkeuhan teh,
engke we asup mah jam dualas. Nelepon heula ka kantor,
dadakuna mah ka rumah sakit, nganteur pamajikan kontrol.
"Kade euy, mun aya pamajikan nelepon, ulah dibejakeun
euweuh!" ceuk kuring, ka sobat dalit di kantor, basa
nelepon.
"Beres lah. Asal sing inget we!"
Ceuk itungan, sajauhna oge Tasik-Bandung, kana kareta api
mah dua jam oge nepi. Dina elatna tilu jam. Tapi jam sabelas
beurang, anu didagoan tacan ngurunyung. Padahal apan ti
Tasik-na mah jam tujuh isuk-isuk. Ari ngadagoan tea apan
keselna teh leuwih-leuwih ti nu didagoan. Dicobaan dikontak
kana HP-na, henteu nyambung bae. Mailbox.
Udud mah teuing geus beak sabaraha batang. Tina awahing
kesel ngadagoan, jadi terus narawangan, nginget-nginget
beungeut manehna. Geulis keneh kitu? Piraku ari robah mah,
enya oge sabulan teu panggih. Ongkoh apan manehna mah tara
sabaraha dangdan, basajan bae. Make tiung, diwedak ipis,
dilipstik ipis.
Sanggeus liburan semester, manehna tangtu sono ka kota
Bandung jeung ka "nu aya" di Bandung. Lain hayang-hayang
teuing panggih jeung babaturanana di kampus kawasna mah.
Atawa geus teu kuat kitu, hayang midang deui dina televisi,
luyu jeung pancenna jadi penyiar acara kasundaan.
Ceuk kitu ceuk kieu oge, ayeuna kuring keur mapagkeun
manehna, keur nganti-nganti manehna. Bongan geus dijangjian.
Satungtung can tepung mah, kuring rek terus cicing di dieu,
di setatsion kareta api. Upama terus ngejat, heg manehna
datang, meureun kuring anu disebut jalir jangji teh.
Kira-kira wanci asar, setatsion mimiti dibanjur cihujan. Bet
jadi inget kana catetan katukang. Enya, hujan teh apan bisa
dijieun kasempetan. Bisa ngarendeng bari dipayung.
Kikicipritan kaluar ti kampus.
Tepung jeung manehna teh mimindengna mah di kampus. Da kitu
ari ngajangjian teh, sok di kampus bae. Ari kampus Unpad,
apan almamater kuring. Aya alesan upama mindeng jadi
mahasiswa tanpa identitas teh. Ongkoh barudak Sanggar Seni
masih keneh ngagupayan kuring, ngajak ilubiung deui. Daek
we, da dadakuna mah hayang nepungan manehna, lain jadi
aktivis kampus.
Teuing kumaha mimitina deuih, manehna bet bisa jadi penyiar
televisi. Mawa acara kasundaan saban poe Kemis. Nya dina
televisi, kuring bisa neuteup manehna leuwih eces, leuwih
leleb, da euweuh nu ngaharu-biru. Ari lalajo televisi mah
apan pagawean anu lumbrah. Pamajikan oge moal nyarek, jeung
moal apaleun upama anu keur dilalajoan awewe anu mindeng
ditepungan ku kuring.
Dina televisi, kuring sok ngadenge sorana anu halimpu. Puguh
we, da diracik ongkoh make sound system. Matak jadi penyiar
oge, meureun sorana teh henteu kasebut goreng, pon kitu deui
rupana. Geus lain rusiah, hayang jadi penyiar mah kudu hade
sora hade tangtungan.
Basa geus kadenge adan asar, aya telepon ti pamajikan.
"Di kantor keneh, Pa?"
"Euh, sumuhun,"
"Tabuh sabaraha mulih?"
"Teu acan tangtos, Mah. Sigana mah aya lembur wengi ieu
teh!"
"Oh, kitu nya. Mun uih, kade meser fried chicken tea. Si
bungsu nanaroskeun wae. Geura yeuh dangukeun!"
Telepon jempe sakeudeung. Teu lila aya sora budak. Moal
salah Si Bungsu.
"Pa, meser ciken, nya!"
"Muhun!"
"Awas mun bohong!"
"Muhun!"
Angkeuhan teh, memeh magrib oge manehna bakal ngurunyung.
Piraku elat-elat teuing. Tapi nepi ka sareupna, malah nepi
ka kiwari, teu katembong tiung-tiungna acan. Saban aya
kareta api eureun, kuring teu weleh neges-neges awewe nu
make tiung.
*
Girimis masih keneh turun. Katembong patingborelak, kasorot
ku lampu. Jalma di lebah peron tinggal sababaraha urang
deui. Teuing ka marana, teu kanyahoan inditna. Gebeg teh,
basa nenjo nu ngajanteng pangtungtungna. Sidik ditiung. Boa
enya manehna, mani teu kanyahoan datangna. Tapi basa
disampeurkeun, horeng kasamaran, ukur sisigaan, pedah sarua
ditiung.
Keur kitu hand-phone disada deui. Ti imah horeng teh. Moal
dijawab tadina mah, sieun ngabolaykeun acara. Tapi bisi
penting deuih, bisi Si Bungsu gering, atawa aya mitoha
nganjang.
"Pa!"
"Enya,"
"Di kantor keneh?"
"Sumuhun,"
"Kieu Pa, di bumi teh aya tamu!"
"Si Abah ti lembur?"
"Sanes!"
"Bejakeun we atuh, keur lembur kitu!"
"Parantos eta oge, tapi bade ngantosan cenah. Istri, Pa. Ari
nyaurkeunana mah mahasiswi Bapa. Abdi teh kerung, da
raraosan, Bapa mah henteu kantos jadi dosen. Ngangge
kerudung, jangkung alit, nyandak tas ageung,"
"Saha cenah?"
"Teu acan ditaroskeun jenenganana mah. Ngan mani nyopan
pisan, Pa. Resep abdi mah. Atos we atuh, sina kost di imah
urang, apan aya kamar kosong. Itung-itung purah ngasuh Si
Bungsu. Tuh, da mani ujug-ujug apet. Bapa bade nyarios
sareng anjeunna?"
"Moal sigana mah,"
"Enya, enggal we mulih, bisi penting pisan. Kade fried
chicken tea!"
Telepon ditutup. Ngahuleng sakedapan mah. Enya kitu manehna?
Asa cangcaya. Lain, lain manehna.
Kuring angger ngajanteng. Ngadagoan. Sabab engke, kareta api
nu ti wetankeun, bakal cunduk jam dalapan peuting. Sugan bae
manehna aya di dinya.
***
|