Dongéng Sunda dina Radio
Karya Sastra Teu Kapliré
Ku: Dadan Sutisna
Jaman keur budak sok ngadengekeun dongeng teh. Ari
mimindengna mah, dongeng ti nini kuring. Dongeng Si
Kabayan Ngala Tutut, dongeng Peucang Balap Lumpat,
atawa dongeng Raja Beuki Gedang. Tapi, nini kuring
oge resepeun ngadengekeun dongeng teh. Dongeng tina radio.
Nya kapaksa bae, ari can tunduh mah, kuring oge milu
ngabandungan. Bet terus resep deuih. Sakapeung sok
nyipta-nyipta, hayang jadi tokoh sakti dina dongeng. Kawasna
mah taya bedana jeung barudak ayeuna, resep kana tokoh-tokoh
pilem dina televisi. Nya ari karah ku unggal peuting mah
ngadengekeunana, sok aya bae carita anu inget keneh nepi ka
ayeuna.
Teuing kumaha mimitina, pangna carita nyambung dina radio
sok disebut dongeng Sunda. Apan ceuk kamus LBSS oge,
anu disebut dongeng mah (lolobana) carita anu pamohalan
kajadian. Upamana bae, dongeng Sakadang Monyet jeung
Sakadang Kuya, dongeng Si Kabayan, Sasakala
Tangkuban Parahu, jeung rea-rea deui. Bisa jadi, pangna
disebut dongeng teh, carita nyambung dina radio kaasup
sastra lisan. Henteu unggal jelema bisa maca naskahna.
Naskahna paranjang, aya nu nepi ka rebuan lambar. Langka anu
dicitak jadi buku, lolobana mah hasil ketikan bae, ukur
sababaraha eksemplar deuih.
Masarakat pilemburan mah geus biasa nyebut
dongeng kana carita nyambung dina radio teh. Atuh dina
ieu tulisan oge, urang sebut bae dongeng Sunda. Upama
nu geus dibukukeun, urang sebut bae roman panjang.
Beda jeung karya sastra Sunda sejenna, dongeng
dina radio mah henteu pati diadu-renyomkeun. Henteu sakabeh
kritikus sastra apaleun, kumaha kaayaan dongeng Sunda
ayeuna. Henteu kawas carpon atawa sajak, meh unggal
sastrawan nalungtik kamekaranana. Malah dina diskusi sastra,
anu dipadungdengkeun sabudeureun karya sastra nu geus
“ilahar”; novel, roman, carpon, sajak jeung dangding. Tara
kasabit-sabit perkara dongeng Sunda mah.
Bisa jadi, lantaran dongeng Sunda mah beda deui
komunitasna. Ukur masarakat pilemburan bae anu
ngabandunganana teh, kitu oge lolobana generasi nu geus
kolot. Hartina, “konsumenna” urang pasisian bae, anu henteu
apaleun naha dongeng teh karya sastra atawa lain. Tara ieuh
masualkeun pangarangna, tema carita, guluyurna carita jeung
sajabana. Nu penting mah rame jeung matak panasaran.
Carita dina dongeng, ngaharib-harib kana novel. Strukturna
oge sarua jeung novel; aya tokoh-tokohna, puguh setting-na,
alur atawa plot, kaasup klimaks jeung
anti-klimaks. Lantaran alur caritana panjang, tokohna
oge lain hiji-dua. Malah nepi ka puluhan urang.
Sakabeh naskah dina dongeng Sunda, make gaya realismeu,
konvensional, malah aya nu ngadeukeutan kana sastra klasik.
Sareretan mah, bet asa mindahkeun kahirupan nu sanyatana.
Lain ukur dipotretan sajorelatan, tapi ditetek nepi ka bubuk
leutikna. Malah keur pangarang dongeng mah, panalungtikan
kana hiji kajadian teh kudu enya-enya. Hartina, lain saukur
ngumbar imajinasi, tapi dieuyeuban ku data jeung pakta.
Jejer carita dina dongeng Sunda, lolobana mah kahirupan di
pilemburan. Malah loba anu nyokot kasangtukang kahirupan
masarakat Sunda jaman beh ditu. Basa jaman keneh para
“jawara”, boh anu hubunganana jeung mangsa penjajahan, boh
carita anu ngaharib-harib pilem “laga”. Dina lalakon para
jawara, anu dicaritakeun teh dunya kadugalan. Di dinya aya
tokoh anu dianggap pahlawan, bebela ka rahayat, tapi boga
kasaktian luar biasa. Aya tokoh utama, aya tokoh antagonis.
Biasana, tokoh utama jeung antagonis boga pangabisa nu ampir
saimbang. Tapi dina pamustunganana mah, tokoh utama sok
pinanggih bagja, bisa ngahontal cita-citana. Najan sakapeung
mah, carita silat dina dongeng Sunda, kawas nu kapangaruhan
ku carita-carita silat anu datangna ti Cina.
Dongeng Sunda dina carita silat anu kungsi sohor teh Si
Rawing karangan Yat R. Dibacakeunana ku Wa Kepoh
deuih, puguh bae matak jadi kacapangan balarea. Si Rawing
beunang disebutkeun dongeng super panjang. Eta we,
dibacakeunana oge nepi ka sataun leuwih. Dina eta carita,
Si Rawing teh tokoh silat anu resep heureuy, kalakuanana
sakapeung mah siga nu owah. Tapi boga pangabisa nu luar
biasa. Si Rawing asa ngaharib-harib kana tokoh
Wiro Sableng beunang Bastian Tito. Malah ku suksesna
Si Rawing, nepi ka dipilemkeun sagala rupa. Dongeng
silat sejenna anu kungsi “rame” dina radio teh di antarana
Si Buntung Jago Tutugan, Nyi Ganting (Ahmad
Afandi Asgar), Si Bongkok, jeung rea-rea deui.
Aya deui carita anu nyokot kasangtukang sajarah jeung tina
carita pantun. Pantun Ogin Amarsakti, lalakon budak
anu dipiceun tea, kungsi disadur kana dongeng Sunda. Kitu
deui dongeng Sangkuriang jeung Lutung Kasarung.
Malah anyar keneh, Aan Merdeka Permana, pangarang anu ayeuna
redaktur koran Galura, nyieun dongeng Silalatu
Gunung Salak, anu dibacakeun ku Wa Kepoh.
Euyeub
pisan kasangtukang carita dina dongeng Sunda teh. Geus
karuhan carita kahirupan sapopoe mah, henteu kaitung
jumlahna. Dalah anu enya-enya ngayakeun panalungtikan oge,
teu kurang-kurang. Upamana bae, nyokot kasangtukang jaman
kolonial Walanda. Nyaritakeun kumaha kejemna kaom penjajah
mangsa harita.
Di antara para pangarang dongeng mah, kakara
Ahmad Afandi Asgar (AA)
anu karanganana sari-sari jurnalis teh. Lebah dieu, memeh
prak ngarang teh katembong AA ngayakeun heula panalungtikan.
Lain saukur ngimpleng ngumbar imajinasi. Tina kituna, karasa
pisan naskah-naskahna teh aya “nyawaan”. Beunang disebutkeun
punjul ti pangarang dongeng sejenna. AA pinter pisan palebah
ngolah campuhna rasa Si Tokoh, palebah nyaritakeun kajadian
nu matak ketir.
Lolobana, naskah beunang AA didongengkeun ku Wa Kepoh, Si
Raja Dongeng tea. Dibekelan ku pangaweruh kana basa Sunda nu
beunghar pisan, AA bisa ngahudangkeun rasa nu ngadengekeun
dongeng. Boh dina waktuna sedih, boh dina waktuna bungah.
Dina Romusha upamana, dongeng panjang anu nyokot
kasangtukang mangsa penjajahan Jepang, AA mani persis pisan
nyaritakeun kahirupan mangsa harita. Dina henteu ngalamanana
oge, paling copel AA macaan heula buku ngeunaan para
romusha. Istilah-istilah dina basa Jepang, milu diasupkeun
kana ieu carita. Katembongna, AA mere kayakinan, yen anu
dicaritakeunana teh enya-enya kajadian. Lain ukur dongeng.
Malah apan AA mah lampar pisan, nyaritakeun kaayaan di
nagara Birma sagala rupa, tempat dibuangna para romusha.
Basa Sundana alus, merenah, beunghar naker ku idiom. AA
tapis pisan nyaritakeun tokoh Sukma, lalaki goreng
patut anu jadi pahlawan dina ieu carita. Kumaha
diganggayongna Si Tokoh, disiksa, dipitenah, nepi ka
ngalaman kajadian nu matak ngangres. Hal-hal anu
“manusiawi”, ditembrakkeun bari henteu karasa dijieun-jieun.
Sukma, lalaki goreng patut, kabiruyungan kawin ka Anis,
mojang geulis rancunit bentangna lembur Panagan. Kumaha
peurihna hate Mang Sura, babaturan Sukma anu saumur-umur
jadi bujang kolot, henteu pernah kawin. Anis deuih, anu bisa
ngajaga kapengkuhanana, sajeroning ditinggalkeun ku Sukma
anu jadi romusha. Anis anu mangbulan-bulan babarengan jeung
Mang Sura, ampir-ampiran ngudaran kahormatanana.
Romusha
mah carita anu pinuh ku rupa-rupa rasa, rupa-rupa kajadian.
Dipitenah, terus katalangsara, pamustunganana “balas
dendam”. Asa nyeueung carita Monte Christo, beunang
Alexander Dumas tea.
Lain ukur Romusha, dongeng beunang AA anu beunang
disebutkeun punjul teh. Aya deui carita anu nyokot
kasangtukang pulo napi Nusakambangan. Ahmad, dina ieu
carita, dipitenah nepi ka dibuang ka Nusakambangan. AA imeut
pisan nyieun deskripsi tempatna hotel perdeo teh.
Kaasup kalakuan manusa anu henteu ilahar. Juragan Durga,
patugas di ieu pulo, bet resepeun ka lalaki (homoseks?).
Bisa jadi lantaran di eta pulo mah langka awewe. Ahmad anu
terus kakaburan jeung baturna (Si Joglo), nepi ka kudu
ngojay meuntas sagara. Sukuna buntung disamber lauk hiu.
Palebah kakaburanana mah, breh bae asa nyeueung pilem
Joni Indo.
Aya deui dongeng beunang AA teh, anu nyaritakeun
panalungtikan para mahasiswa kedokteran ka hiji tempat anu
masarakatna katarajang kasakit kusta. Dongeng nu ieu mah
(poho deui judulna) asa ngaharib-harib kana carita detektif.
Imah geueuman, sora nu aneh, nepi ka munculna tokoh anu
muhit ka dedemit. Konflik antara tokoh nu pabentar (murid
ajengan jeung nu muhit dedemit), dicaritakeunana henteu
nerag, bangun ngahaja sina matak panasaran.
*
Carita dina dongeng Sunda oge aya nu ngamangpaatkeun mitos.
Tradisi jeung adat tali-paranti masarakat Sunda jaman beh
ditu, diungkab deui dina racikan lalakon. Ka dituna, aya nu
memper kana kapercayaan sabagean masarakat kana hal-hal
supranatural. Anu ceuk sawareh mah sok disebut tahayul tea;
upamana bae carita ngeunaan jurig, nagara siluman, nagara
jin, atawa tempat-tempat anu dianggap sanget.
Dina sastra tulisan oge, aya pangarang anu sok nyaritakeun
alam gaib teh. Kawas Moh. Ambri dina “Munjung”, atawa
puriding-puringkakna Ki Umbara, sastrawan senior anu mindeng
pisan nulis carita “jurig”.
Di Sumedang, aya pangarang dongeng, Ki Leuksa ngaran sandi
asmana. Spesialis carita jurig. Meh sakabeh dongengna, loba
nyaritakeun kahirupan manusa anu dipatalikeun jeung alam
lelembutan. Geus aya puluhna, boa ngaratus, naskah dongeng
anu ditulisna teh. Naskah-naskah dongengna kungsi dibacakeun
ku Mang Bahar ti radio Jussan Sumedang, Mang Engkos ti radio
Duta (ayeuna radio Citra), malah anu ku Wa Kepoh oge aya.
Minangka carita panglipur mah, dongeng-dongeng beunang Ki
Leuksa beunang disebutkeun onjoy. Lolobana nyaritakeun
kahirupan masarakat pilemburan. Ti taun 2000 nepi ka ayeuna,
dongeng Ki Leuksa sok kadenge dibacakeun ku Arman Wijaya ti
radio Daya Swara Sumedang.
Kamekaran dongeng Sunda, beunang disebutkeun aya usumna.
Kabehdieunakeun geus mimiti melempem. Ukur sababaraha radio
bae, anu masih keneh leukeun midangkeun acara dongeng Sunda
teh. Mimiti taun 1980 nepi ka awal 1990-an mah, beunang
disebutkeun haneuteun. Meh saban radio di tatar Jawa Barat,
sok aya bae acara dongeng Sunda. Malah apan tina dongeng
Sunda, Wa Kepoh nepi ka dikontrak ku PT. Supra Perbindo
Parma, jadi sponsor tunggal dina acara dongeng.
Dongeng Sunda apan ukur ngamangpaatkeun media radio, sangkan
nepi ka masarakat teh. Ku naskah anu kacida panjangna tea,
asa pamohalan dimuat dina media massa citak mah. Pikeun para
sponsor, dongeng Sunda teh beunang disebutkeun “jurus ampuh”
pikeun promosi produkna. Harita mah apan tacan aya televisi
swasta, atuh masarakat anu ngadengekeun dongeng oge loba
keneh.
Bisa jadi, hirup-huripna dongeng Sunda dina radio mah henteu
beda jeung sinetron dina televisi. Upama aya sponsor, nya
meureun bisa sukses. Sacara materi aya buruhna keur nu
ngadongeng jeung nyieun naskahna. Tapi apan henteu sakabeh
pausahaan “ngareret” kana acara dongeng. Komo nilik situasi
ayeuna, masarakat geus mimiti pindah pangaresep kana
televisi. Hartina, dongeng Sunda tanpa sponsor, ukur
ngabeberah bari euweuh buruh.
Nasib dongeng Sunda kiwari, geus mimiti “kritis”. Padahal
radio teh minangka media pikeun nepikeun karya sastra lisan.
Kaasup anu kungsi dilalanyah ku RRI Bandung taun 1990-an,
basa aya acara maca carita pondok dina radio.
Pasualanana balik deui kana sponsor tea. Lantaran euweuh
sponsor, jadi terus melempem, malah ampir-ampiran pareum.
Kaayaan sarupa kieu teh, bisa mangaruhan kana kreatifitas
pangarang dongeng. Keur naon cape ngetik nepi ka ratusan
atawa rebuan lambar, ari euweuh buruhna mah. Biheung
kagantian jinis urut meuli keretas oge.
Padahal dina urusan kreatifitas mah, pangarang dongeng teh
beunang disebutkeun aya unggulna. Ceuk Maman Ma’ruf
(almarhum) pangarang carpon anu sok rajeun ngarang dongeng
ongkoh, nyieun naskah sajudul teh, lamun dikeureuyeuh saban
peuting, sok nepi ka sabulan lilana. Jumlahna paling saeutik
300 lambar, dina keretas polio, diketik 1 spasi. Sanggeus
ngajanggelek jadi naskah, ku pihak radio ukur dihargaan Rp.
30.000,- (taun 1992). Eta oge bisa cenah dijual “gelempeng”,
hargana nepi ka saratus rebu. Tapi ironisna, hak cipta nu
ngarang leungit, bisa diganti ku nu meuli naskah.
Aya pangarang dongeng (kurang merenah upama disebutkeun
ngaranna mah) anu hirupna ukur tina nyieun naskah dongeng.
Imahna ngagowok leutik. Sapopoena nerektek ngetik, nyieunan
naskah jualeun ka radio. Hasilna dipake keur hirup sapopoe,
ngabayuan anak pamajikan.
Keur pangarang roman panjang taun 60-70-an, beunang
disebutkeun hade keneh milik. Naskahna bisa dikirimkeun ka
penerbit, dicitak jadi buku anu diserikeun. Pangarang anu
remen nyieun roman panjang teh di antarana Wahyu Adam
(Ganjaran Ka Nu Sabar), Tatang KS (Sumerah
Pinanggih Bagja, Ganjaran Hutang Kanyeri, Si Rawing Jago Ti
Pakidulan, jrrd), Ki Masram (Tanteu Nonih, Kuburan
Beureum ku Getih, Nu Kawin Ngarurub Mayit, jrrd). Roman
panjang anu geus dibukukeun teh, loba nu dibacakeun deui
dina radio. Di antarana Tanteu Nonih anu nyaritakeun
kahirupan hostes.
Harita mah deuih, renung penerbit anu mere lolongkrang keur
pangarang roman panjang teh. Di antarana penerbit Tarate,
Armico, Budi Asih, Wargina, jeung sajabana.
*
Dina kamekaranana, dongeng Sunda kungsi jadi kacapangan
masarakat pilemburan. Malah bangun anu hanjelu, lamun henteu
ngabandungan teh. Teu beda jeung ngahanca sinetron atawa
telenovela. Bisa jadi, tina ngadengekeun dongeng teh,
kabeungharan basa Sunda hususna pikeun barudak jadi
nambahan. Lain saukur ngabandungan lalakon nu matak pogot.
Leuwihna ti kitu, aya atikan moral anu deukeut jeung budaya
Sunda. Sabab dina seuhseuhanana mah, carita dongeng oge mere
ajen-inajen kamanusaan, tina perkara salah jeung bener.
Malah dina bubukana, anu rek ngadongeng sok nyarita : “Nu
saena picontoeun, nu awonna pieunteungeun.”
Dongeng Sunda oge bisa dimangpaatkeun pikeun media atikan.
Da apan dina enas-enasna mah, pangarang ngajak kana
bebeneran, tumut tuhu kana ajaran agama (Islam).
Atuh pikeun pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna,
kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge,
naskah dongeng Sunda (najan henteu dibukukeun) milu
ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah,
“eksistensina” arang pisan diadu-renyomkeun.
Tapi ketang, boa ayeuna mah geus euweuh nu daekeun,
pangarang anu nulis naskah nepi ka 1000 lambar kawas naskah
dongeng Sunda!
Cag!
|