Make your own free website on Tripod.com

Kaca Payun

Perkawis Girimukti

Gapura

Padungdengan

Tagog

Nu Maca

Perkawis

Rumpaka

Béwara

Résénsi Buku

Kolom Ajip Rosidi

Ésséy

Carita Pondok

Sajak-Dangding

Guguyon

Kleub Buku

Arsip Lalayang

 

 

 -  Gapura  -


Nyundakeun Deungeun

Ku Hawé Setiawan

NU diaku banda urang, réa nu asalna ti lembur batur. Contona, carita wayang, sungapanana mah lain di urang. Cenah, ti India, da puguh urang ditu nu nganggit Ramayana jeung Mahabharata. Tangtu baé, sanggeusna dilarapkeun kana angen-engen urang dieu, sok aya variasina. Ku cara kitu, nu aya di urang téh miboga ciri nu mandiri.

Hanas éta, sok aya nu nyebutkeun yén sagala rupa gé asalna mah saenyana ti lembur urang, ngan sok diaku ku batur, nya teu nanaon. Alus wé, sugan, ari pada ngaku mah. Nu sidik, maju-mundurna kabudayan antarana gumantung kana karancagé dina enggoning ngawangun rawayan. Maksud téh, rawayan nu nyambungkeun tali mimitran antara urang jeung batur.
Dina widang sastra, kasadaran ngeunaan hal éta geus nyampak ti baheula. Geuning aya sawatara pangarang anu béh ditu sok nyundakeun karya sastra dunya. Ti antarana baé, Satjadibrata anu nyundakeun Monte Cristo-na Alexander Dumas, atawa Muhamad Ambri, ogé Méméd Sastrahadiprawira, anu ngaraéh deui bagian-bagian tina Carita Sarébu Samalem anu kawentar.

Tradisina tetep hirup tepi ka ayeuna. Duduh Durahman, Tini Kartini, Sunarya P.K., Hikmat Kusumaningrat jeung lian-lianna kapan sok narjamahkeun karya sastra deungeun deuih. Sunarya P.K., upamana, kungsi nyundakeun sawatara puisi karya Baudelaire atawa carpon Rabindranath Tagore jeung carpon Satyajit Ray. Kitu deui Tini Kartini kungsi nyundakeun karangan John Steinbeck, Somerset Maugham, Akutagawa Ryunosuke , jrrd. Atuh Duduh kungsi deuih narjamahkeun karangan Tagore jeung karya pangarang dunya lianna.
Hanjakalna téh, ti kalangan entragan ngora mah asa tacan kaciri aya nu haat nyundakeun karangan nu aralus tina sastra dunya. Teu cara dina sastra Indonésia, kiwari karancagé narjamahkeun karya sastra dunya téh kacirina ngagedur deui, luyu jeung renungna pamedal anyar.

Mémang, kacipta héséna narjamahkeun karangan batur téh. Malah, kurang-kurangna mah, nu narjamahkeunana sok dituding ngahianat kana karangan aslina. Paribasa, the translator is the traitor. Ti antara hasil-hasil tarjamahan tina karya sastra dunya dina basa Indonésia, anu kiwari kacida réana téa, masih kénéh saeutik anu nyugemakeun tur genah dibacana mah.
Sigana nu ngarora di padumukan sastra Sunda masih kénéh kudu réa diajar ka nu karolot nu salila ieu geus kabuktian mampuh nyundakeun karangan tina basa deungeun. Da geuning kacirina narjamahkeun téh teu cukup ku ngandelkeun katapis ngolah basa wungkul, tapi deuih mikabutuh disiplin, idéalismeu, katut katresna. Paling henteu, atuh sumangetna sugan kawariskeun.

Geura wé titénan karancagé RTA Sunarya (1898-1965) anu baheula kungsi narjamahkeun carita ngeunaan Saijah jeung Adinda tina roman klasik, Max Havelaar, karangan Éduard Douwes Dékker alias Multatuli (1820-1887) anu mashur. Hasil tarjamahanana, anu dijudulan, Saija, kungsi dimedalkeun ku Balé Pustaka dina taun 1951. Ayeuna éta buku dipindo citak ku Kiblat Buku Utama.

Tina “Panganteur”-na, geus karasa idéalismeuna. Nu narjamahkeun beunta kana kasusah rahayat désa, anu jadi pamiangan Multatuli. Bisa ngajénan katapis Multatuli deuih, anu cenah karanganana kawas “tatabeuhan Bali”: tina mangkat laun beuki lila beuki tarik, malah tepi ka ngaguruh pisan, terus ngadadak jempé, ditéma ku sora anca, melas melis matak waas jeung kagagas. Atuh dina prakna narjamahkeun, henteu disalin saceplakna sakecap-sakecap, tapi éstuning disundakeun. Da ngaran “Adinda” gé, anu ngandung harti “adina”, terus dirobah jadi “Ina”.

Ari anu jadi udaganana, cenah, “malahmandar aya mangpaatna pikeun kamajuan basa sorangan, mun urang wawawuhan jeung kabudayan bangsa séjén”. Tuh, pan kitu, nu matak urang perelu ngawangun rawayan gé.(hws)
 

lalayang girimukti online copyright©2002 - desain ku dadan_sutisna@hotmail.com