Lalayang Girimukti
Lalayang Girimukti
téh di dituna mah salah sahiji rawayan anu diwangun ku
Panglawungan Girimukti pikeun nyambungkeun tali silaturahmi
jeung balaréa, babakuna jeung sugri nu mikatineung basa
katut sastra Sunda. Ari Panglawungan Girimukti mangrupa
forum geusan riung mungpulung sing sakur nu mikatineung
budaya Sunda. Ieu panglawungan sasuhunan jeung PT Kiblat
Buku Utama nu sok medalkeun buku-buku Sunda, di Jl.
Karawitan No. 46 Bandung 40264. Mimiti dibuka dina bulan
Fébruari 2002, Panglawungan Girimukti sok ngayakeun sawala
saban bulan. Lalayang Girimukti mimiti medal bareng
jeung mimiti mukana panto Panglawungan Girimukti. Ari
medalna téh dua bulan sakali.
Nu jadi udagan Lalayang Girimukti téh taya lian iwal
ti hayang ilubiung dina enggoning ngaronjatkeun pangajén
balaréa kana buku-buku Sunda, boh nu mangrupa karangan asli
dina basa Sunda boh hasil tarjamahan tina basa deungeun. Ku
kituna saniskara karangan nu dipidangkeun dina tiap-tiap
rohangan Lalayang Girimukti aya patula-patalina jeung
unak-anik buku Sunda boh anu patali jeung eusina katut
pangarangna, kitu deui nu medalkeunana, boh anu patali jeung
nu maracana. Atuh keur sugri nu hayang nuturkeun kamekaran
penerbitan buku-buku Sunda, Lalayang Girimukti
satékah polah nyadiakeun rupa-rupa béja anu patali jeung hal
éta.
Anu dihiap sangkan nembrakkeun pamanggihna dina Lalayang
Girimukti téh teu diwatesanan ku si itu atawa si éta. Ti
mimiti jalma-jalma anu pakasabanana dina widang
kurung-karang tug nepi ka balaréa nu resep maca buku-buku
Sunda istuning dipiharep sangkan kajurung nembrakkeun
pamanggihna dina Lalayang Girimukti. Da kapan ti
anggalna kénéh gé geus diniatan yén Lalayang Girimukti
téh lalayangna balaréa, babakuna nu mikacinta basa katut
sastra Sunda.
Pikeun ngalegaan ambahanana, nya dibuka wé ieu situs
Lalayang Girimukti on-line. Susuganan leuwih réa nu
nuturkeun lalakonna, leuwih ramé nu ilubiung nembrakkeun
pamanggihna, leuwih jembar nu disawangna. Itung-itung melak
kembang di sisi jalan gedé, nya éta jalan cyber téa.
Kapan naon rupa nu ngancik dina batin urang téh, mun cék
jurupantun téa mah, satemenna kudu bisa “diteundeun di jalan
gedé, bukaeun nu ngaliwat, anu weruh di semuna, anu terang
di jaksana, anu rancagé di haté”.[]
Panglawungan Girimukti
Kekembangan téh alusna mah dipelakna di sisi jalan gedé.
Sugan jeung sugan ti antara nu lalar liwat aya---mun ceuk
juru pantun téa mah---“anu weruh di semuna, anu terang di
jaksana, anu rancagé di haté”. Ku jalan kitu, éta
kekembangan téh seungitna kaambeu, mekarna katara, turta
layuna kasakséni ku balaréa.
Kumaha
atuh carana sangkan kekembangan budaya Sunda téh bisa narik
ati balaréa nu lalar liwat di jalan gedé téa? Nya éta pisan
di antarana nu jadi pikiran téh. Ti dituna mah aya karep
nyieun tarékah sangkan budaya Sunda enya-enya jadi bagian
integral tina jalan gedé, nyaéta jalan kahirupan kontémporér
nu diliwatan ku rupa-rupa ajén-inajén budaya boh ti nu
deukeut boh ti nu jauh.
Ngan anu
sidik, éta kekembangan téh alusna mah henteu ngan saukur
dipelak di lembur singkur. Lembur nu kakurung ku gunung nepi
ka naon rupa ajén-inajén budaya nu aya di luareunana henteu
nepi ka éta padumukan, turta nu dumuk di dinya jadi kurung
batok.
Cindekna,
nya éta di jalan gedé, budaya Sunda bisa patepung lawung
jeung budaya deungeun. Di dinya budaya Sunda jeung budaya
deungeun bisa silih pangaruhan.
***
Meugeuslah tong ngomong baé, ka bau-bau sungut. Anggursi
geura prak ari enya-enya boga kahayang mah, meungpeung
saréréa katémbong baris ngarojong. Kitu asana nu kadéngé
sarérésna Konférénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS), nu
lumangsung ti mimiti tanggal 22 nepi ka tanggal 25 Agustus
2001 téa. Kapan saréréa gé apal KIBS téh geus méré
rékoméndasi anu sakitu imeutna, ti mimiti bidang sastra
katut basa nepi ka widang lingkungan ékologis, arsitéktur,
kadaharan katut papakéan. Éta rékoméndasi téh dina
seuhseuhanana mah mangrupa agénda budaya pikeun miara sarta
mekarkeun deui budaya Sunda dina lawang sakéténg abad ka 21
ieu.
Mémang
bener kitu, nu penting mah prakna lain ngomongna. Cara
nu baheula kungsi kadéngé ti Karl Marx: kaom intéléktual téh
ngan hayoh baé mikiran dunya, padahal nu saéstuna kudu
dilakonan mah ngarobah dunya! Tapi ké heula, Ki Marx, rék
kumaha urang bisa ngarobah dunya kalayan bener mun pikiran
urang ngeunaan dunya tacan bener. Ari pikeun ngajinekkeun
bener salahna hiji pikiran kapan mimindengna mah urang téh
perelu terus-terusan hog-hag bari taya tungtungna.
Nu leuwih
alus mah nya ngomong nya digawé. Babarengan baé. Sagédéngeun
milampah rupa-rupa tarékah kongkrit enggoning miara turta
mekarkeun deui budaya Sunda, urang gé alusna mah henteu
bosen madungdengkeun saniskara perkara nu patali jeung
kabudayan Sunda. Kacida salahna mun rékoméndasi KIBS ku
urang dianggap minangka idé nu geus final.
Ku
kituna, sing saha baé nu neundeun perhatian kana budaya
Sunda, katimbang perelu pisan terus paamprok jonghok
enggoning ngabahas saniskara idé nu patali jeung kabudayan,
babakuna kabudayan Sunda.
***
Tempatna
geus sadia, heureut-heureut baé mah; perenahna di Jalan
Karawitan No. 46, Bandung. Dingaranan Panglawungan
Girimukti, dumasar kana kereteg haté sarta pamadegan nu jadi
tatapakanana. Sok sanajan tempatna mah heureut, tapi ari anu
jadi angkeuhanana mah lega: hayang nepunglawungkeun sing
saha baé nu miboga karep ngolah budaya, babakuna budaya
Sunda. Saha nu nyaho ti dinya baris timbul rupa-rupa idé nu
luhur ajénna. Lian ti kitu, ogé hayang nepunglawungkeun
budaya Sunda jeung budaya deungeun nu tadi disabit-sabit
téa. Sugan jeung sugan ku jalan kitu budaya Sunda téh henteu
ngeuyeumbeu, bari urangna jadi beunghar ku luang. Ari luang,
kapan luang jolna ti papada urang, salian ti tina daluang
téh, tapi palias mun meunang luang tina burang.
Geus
diajangkeun kagiatan keur satauneun. Dina saban bulan baris
diayakeun riungan pikeun nyawalakeun rupa-rupa masalah nu
patali jeung budaya Sunda, di antara baé ngeunaan sastra,
téater, tembang, filsafat, katut pulitik.
Papadaning kitu, mun téa mah aya nu miboga karep
madungdengkeun téma séjénnya, sumangga. Da tempat mah kapan
geus nyampak. Nya kitu pisan salah sahiji nu dipiharep téh.
Wilujeng
sumping di Panglawungan Girimukti. Ieu, nyanggakeun sabrang
salayan sok sanaos ari lebet ka cabé mah henteu. Mun téa mah
can pati pikabetaheun, nya atuh hayu baé urang bebetah ku
saréréa*** |