Kaca Payun

Perkawis Girimukti

Gapura

Padungdengan

Tagog

Nu Maca

Iber Buku Sunda

Rumpaka

Béwara

Résénsi Buku

Kolom Ajip Rosidi

Ésséy

Carita Pondok

Sajak-Dangding

Guguyon

Kleub Buku

Arsip Lalayang

 

 

 - Résénsi Buku Sunda-


SAKSI KASUSAH RAYAT


Ku Anggi Sukmawangi

 

RAYAT leutik dikaniaya, geus teu anéh. Da jeung enyana, ti baheula tug nepi ka ayeuna, meus-meus katincak, meus-meus katincak. Purah di­tunjuk-tunjuk, malah dahar gé dialas.

Geus teu anéh deui mémang, aya anu sangsara aya anu beunghar, aya anu ma­sakat, aya anu ngahenang-ngahening, aya anu  kaniaya, aya anu dikaniaya. Malah boa geus jadi hukum alam.

Teu béda jauh jeung anu jadi jejer carita dina Saija. Ieu karya sastra beunang Mul­tatuli téh disundakeun jeung dipangan­teuran ku R.T.A Sunarya (1898-1965). Ari disundakeunana téh éstuning nyunda pisan, malahmandar leuwih sumerep kana ati urang Sunda, bari tetep ngajaga sangkan galur caritana henteu méngpar ti nu aslina.

Sugri mo bireuk deui ka Multatuli. Multatuli téh sandiasmana Eduard Douwes Dékker (1820-1887), pangarang urang Wa­landa. Karangan-karanganana beunghar ku eusi beunghar ku basa. Ieu pangarang nu tadina kungsi jadi Asistén Résiden Lebak téh kungsi ngageujleungkeun basa ngu­mumkeun bukuna Max Havelaar téa. Carita ngeunaan Saija jeung Ina téh bagian tina Max Havelaar.

Carita Saija anu nyokot kaayaan di Banten kidul jaman kolonialisme baréto, rahayat anu dikaniaya jeung diperdaya anu pohara ku pamaréntah Walanda. Rahayat anu geus diteungteuingan pisan, badis ka sato, nya harta bandana dijabel nya ra­ha­yatna sorangan diarah tanagana, di­peleter sawenang-wenang pikeun ka­mamuran Walanda.

Dina ieu buku kagambarkeun ka­la­yan natrat kumaha nalangsana ari jadi bangsa anu dijajah ku nagara deungeun, karasa pisan pait peuheurna ari jadi bangsa jajahan.

Papayung rahayat anu sakuduna nga­ping jeung ngasuh rahayatna kalahka jadi mamala ka nu jadi rahayatna sorangan anu geus teu daya teu upaya, nepi ka lieuk euweuh ragap taya. Buktina, indung Saija tepi ka hanteuna awahing ku kaleleban jeung nyeri haté duméh munding anu dipikameumeutna “dipundut” ku Juragan Wadana Parangkujang. Kitu deui bapana Saija bet kudu ngalaman asup ka pang­bérokan tug nepi ka hanteuna di pang­bérokan.

Demi Saija, sabada indung bapana maraot, manéhna niat indit ka Batawi, su­gan jeung sugan di kota mah manggih gawé, keur kukumpul deui meuli munding jeung omongna ka Ina-beubeureuhna Saija- mun manéhna balik deui ka lemburna bisa laki rabi jeung Ina.

Dina waktu anu geus dijangjikeun Saija balik deui ka lemburna, balik mawa bekel keur meuli munding téa, bari jeung di­baturan ku haté anu bungangang ku pikiran bakal panggih tur bisa laki rabi jeung awéwé pupujan atina.

Tapi lamunan Saija papalingpang jeung kanyataanana, nu ditéangna kasampak geus euweuh di lemburna geusan ngajadi. Ari marga lantaranana mah, biasa munding  ba­pana Ina di jabel, indungna maot ku sabab kaleleban, ari bapana ku sabab sieuneun teu bisa mayar pajeg, manéhna lunta ning­galkeun lemburna sorangan kalayan mawa Ina jeung adi-adina.

 Bréh ébréh, ngelemeng jeroning cipta, laku lampah manéhna salila hirup baba­reng­an jeung Ina, anu kiwari ngan ukur wa­asna.

Tapi sanggeus meunang béja yén kulawarga Ina geus euweuh di lemburna ma­néhna henteu nepi ka peunggas harep­an, manéhna gilig arék indit néangan tapak lacak Ina ka mana waé nepina, indit sa­kaparan-paran nuturkeun indung suku, bari dibarengan ku haté anu sedih kacida, kasedih anu teu bisa diterangkeun deui ku basa jelema.

Jauh mo burung cunduk, anggang mo burung datang, nya nu ahirna mah manéh­na anjog ka Lampung.

Di Lampungna, sanajan Saija teu nga­bogaan jiwa barontak, tapi ku lantaran manéhna keur poék pikir, manéhna asup ka salah sahiji gorombolan anu kabeneran kalolobaanana urang Banten anu barontak ka Walanda.

Nepi ka ahirna, manéhna manggihan layon awéwé anu taya lian éta téh la­yon­na...Ina.Geus ninggang di papastén yén umurna ngan ukur nepi ka dinya. Heueuh la­yon papacanganana geuning anu kapang­gih ku manéhna téh, anu salila ieu di téang­an ku manéhna, anu ayeuna geus jadi layon.

Tah geuning, jahatna bangsa panjajah téh. Lain waé harta banda, tanaga anu di­peleter, tapi ogé nepi ka pati anu jadi kor­ban. Sok sanajan jodo, pati, bagja eng­geus aya nu ngatur. Tapi, ari jalana kudu kieu mah saha anu teu matak poék pikir, kecuali la­mun ninggangna ka nu imanna bener-bener kuat.

Kaciri pisan, anu ngarang ieu buku kacida kuciwana pisan kana kaayaan jaman harita, seukeut paningalna, kaciri pisan nyaahna ka sasama, sanajan manéhna ka­asup kana bangsa nu ngajajah, tapi ari Multatuli nyebut ka bangsana sorangan téh bangsa rampog.

Tapi nu anéhna deui, loba bangsa urang sorangan, anu ngabdi ka nu ngajajah awahing sérab ku dunya jeung pangkat, jelema anu beuki ku kuah beukah, daék jadi “anjing-anjing Walanda” maranéhanana nepi ka daék ngorbankeun dulur manéhan­ana sorangan.leuwih mentingkeun kana kahirupanana sorangan.

Kitu tah geuning lalakon Saija téh, atuh sugan wé ari geus maca buku ieu mah urang téh baris nyaah ka jelema leutik, enya wé kasebutna ayeuna téh urang hirup dina jaman anu geus merdéka, euweuh deui anu ngajajah urang, tapi da anu kangaranan jelema leutik mah masih kénéh loba anu saré di kolong-kolong sasak da sarua wé maranéhanana ogé jelema anu butuh pika­nyaah, butuh anu ngaping maranéhan­ana. Lamun lain urang, nya saha deui atuh?[] 

 

 

Anggi Sukmawangi, pangarang, nganjrek di Bandung.

lalayang girimukti online copyright©2002 - desain ku dadan_sutisna@hotmail.com