Kaca Payun

Perkawis Girimukti

Gapura

Padungdengan

Tagog

Nu Maca

Iber Buku Sunda

Rumpaka

Béwara

Résénsi Buku

Kolom Ajip Rosidi

Ésséy

Carita Pondok

Sajak-Dangding

Guguyon

Kleub Buku

Arsip Lalayang

 

 

 - Sajak -


Sayudi

Gunung Karikil

Cibiuk dina suku
satapak jalan ka puncak
ambuing, netekna ngigelan karep

Pangeumbing eurih garing
Srangéngé morérét haté
Kutan katiga, panutan
Henteu lantis ku cimata

Saléngkah nanjeur kabetah
Sarénghap beurat kaseunggah
Euleuh lewangna …
Di tukang umur ngajungkrang

Mipir gawir
Mumunggang anu kasorang
Biheung datang
Ka anu ditéang
Batuna sarwa kulawu
Tapi mun puncak katincak
Déét temen nu kakobét
Gunung puntang
Mo burung keuna panangtang
Bongan hirup, panutan
Teu wéléh nguntup


Chyé Rétty Isnéndés
 

ADUH MANUK

Geura eunteup dina haneutna keukeup
Haturkeun pangwilujeng unggal enjing
Kapan soanten anjeun imut nu ngagalindeng

Cirebon, 20.09.99


ADUH WENGI

Taya bulan wungkul kiceup bentang ngaheureuyan
hate mah tinggaleun dina horison tanpa wangen

Cirebon, 22.09.99


ADUH CIREBON

I
Lawang saketeng mapagkeun ku kakangen
Duh ieu ati milari imutna wali

II
Angin palabuan nyambuang seungit
pamayang. Bentrakna kembang beurang
teu kungsi ngelebuhkeun harepan

III
Gupay-gupay tangkal buah ngahiap
misono letah. Mending ngala hurang
nu luncat ka hate urang.

Cirebon, 23.09.99

ADUH ISUK

Dayang Sumbi ngebetkeun raragna
Sumirat sorot socana haneut nyaliara
najan wegah neuteup deudeuh dina
rasa indung beurang.

Cirebon, 24.09.99


Juniarso Ridwan

DI BASISIR RANCA BUAYA

angin geus manjangkeun walungan,
nepakeun hujan ka sakur dangdaunan,
lebah muhara ngadon nyangsaya na lengkob,
magar ditundung ku bulan nu pundung,

bongan peuting ngahaja dipurak,
poekna mancawura ditandean ku letah lambak,
keur mapaes laut nu pinuh sasalad,
ditandaan ku sesemplekan bentang.

basisir ngan bati rungsing,
batu-batu geus lawas ngarasula,
sumawonna pasir geus ilang pipir.

nyampak karang neundeun kahanjelu,
saniskara lauk meh pada nyingkah,
nu ngambang ngan kaleng butut jeung sandal plastik,
diselang hate pamayang nu hapa.

2001.


MURU PEUTING

teuing ku sono kana wayah nu ngolebat,
jajantung meh bitu pinuh ku hawa nu motah,
pijalaneun teu diitung tarahalna,
hayang geura ngaguar impian.

buruan kawas geus lila teu katincak,
tatangkalan pasolengkrah,
cucuk meh rungseb unggal usik,
tulak panto masih keneh naplok.

aya saha di jero imah?
gerendengna nepi kana ceuli,
tapi da sidik taya sasaha.

na lebah golodog aya jirim nu mo bireuk,
ringkangna napel na lelembutan:
"rek naon mantog?"

2002.

lalayang girimukti online copyright©2002 - desain ku dadan_sutisna@hotmail.com