Nyundakeun
Deungeun
Ku Hawé Setiawan
NU diaku banda urang, réa nu
asalna ti lembur batur. Contona, carita wayang, sungapanana
mah lain di urang. Cenah, ti India, da puguh urang ditu nu
nganggit Ramayana jeung Mahabharata. Tangtu baé, sanggeusna
dilarapkeun kana angen-engen urang dieu, sok aya variasina.
Ku cara kitu, nu aya di urang téh miboga ciri nu mandiri.
Hanas éta, sok aya nu nyebutkeun
yén sagala rupa gé asalna mah saenyana ti lembur urang, ngan
sok diaku ku batur, nya teu nanaon. Alus wé, sugan, ari pada
ngaku mah. Nu sidik, maju-mundurna kabudayan antarana
gumantung kana karancagé dina enggoning ngawangun rawayan.
Maksud téh, rawayan nu nyambungkeun tali mimitran antara
urang jeung batur.
Dina widang sastra, kasadaran ngeunaan hal éta geus nyampak
ti baheula. Geuning aya sawatara pangarang anu béh ditu sok
nyundakeun karya sastra dunya. Ti antarana baé, Satjadibrata
anu nyundakeun Monte Cristo-na Alexander Dumas, atawa
Muhamad Ambri, ogé Méméd Sastrahadiprawira, anu ngaraéh deui
bagian-bagian tina Carita Sarébu Samalem anu kawentar.
Tradisina tetep hirup tepi ka
ayeuna. Duduh Durahman, Tini Kartini, Sunarya P.K., Hikmat
Kusumaningrat jeung lian-lianna kapan sok narjamahkeun karya
sastra deungeun deuih. Sunarya P.K., upamana, kungsi
nyundakeun sawatara puisi karya Baudelaire atawa carpon
Rabindranath Tagore jeung carpon Satyajit Ray. Kitu deui
Tini Kartini kungsi nyundakeun karangan John Steinbeck,
Somerset Maugham, Akutagawa Ryunosuke , jrrd. Atuh Duduh
kungsi deuih narjamahkeun karangan Tagore jeung karya
pangarang dunya lianna.
Hanjakalna téh, ti kalangan entragan ngora mah asa tacan
kaciri aya nu haat nyundakeun karangan nu aralus tina sastra
dunya. Teu cara dina sastra Indonésia, kiwari karancagé
narjamahkeun karya sastra dunya téh kacirina ngagedur deui,
luyu jeung renungna pamedal anyar.
Mémang, kacipta héséna
narjamahkeun karangan batur téh. Malah, kurang-kurangna mah,
nu narjamahkeunana sok dituding ngahianat kana karangan
aslina. Paribasa, the translator is the traitor. Ti antara
hasil-hasil tarjamahan tina karya sastra dunya dina basa
Indonésia, anu kiwari kacida réana téa, masih kénéh saeutik
anu nyugemakeun tur genah dibacana mah.
Sigana nu ngarora di padumukan sastra Sunda masih kénéh kudu
réa diajar ka nu karolot nu salila ieu geus kabuktian mampuh
nyundakeun karangan tina basa deungeun. Da geuning kacirina
narjamahkeun téh teu cukup ku ngandelkeun katapis ngolah
basa wungkul, tapi deuih mikabutuh disiplin, idéalismeu,
katut katresna. Paling henteu, atuh sumangetna sugan
kawariskeun.
Geura wé titénan karancagé RTA
Sunarya (1898-1965) anu baheula kungsi narjamahkeun carita
ngeunaan Saijah jeung Adinda tina roman klasik, Max
Havelaar, karangan Éduard Douwes Dékker alias Multatuli
(1820-1887) anu mashur. Hasil tarjamahanana, anu dijudulan,
Saija, kungsi dimedalkeun ku Balé Pustaka dina taun 1951.
Ayeuna éta buku dipindo citak ku Kiblat Buku Utama.
Tina “Panganteur”-na, geus
karasa idéalismeuna. Nu narjamahkeun beunta kana kasusah
rahayat désa, anu jadi pamiangan Multatuli. Bisa ngajénan
katapis Multatuli deuih, anu cenah karanganana kawas
“tatabeuhan Bali”: tina mangkat laun beuki lila beuki tarik,
malah tepi ka ngaguruh pisan, terus ngadadak jempé, ditéma
ku sora anca, melas melis matak waas jeung kagagas. Atuh
dina prakna narjamahkeun, henteu disalin saceplakna
sakecap-sakecap, tapi éstuning disundakeun. Da ngaran
“Adinda” gé, anu ngandung harti “adina”, terus dirobah jadi
“Ina”.
Ari anu jadi udaganana, cenah,
“malahmandar aya mangpaatna pikeun kamajuan basa sorangan,
mun urang wawawuhan jeung kabudayan bangsa séjén”. Tuh, pan
kitu, nu matak urang perelu ngawangun rawayan gé.(hws)
|