Kaputusan
Hadiah Sastra
"Rancagé" 2003
Kalawan rido Allah SWT,
alhamdulillah Hadiah Sastra “Rancage” 2003 baris
dipasrahkeun ka para pangarang anu bukuna nu medal taun
tukang (2002) dianggap nyoncolang katut jalma-jalma anu
dianggap gede jasana pikeun ngamekarkeun basa katut sastra
Sunda, Jawa jeung Bali. Hadiah Sastra “Rancage” nu munggaran
(1989), ngan jang pangarang Sunda bae, diayakeun sacara
pribadi. Sabada lima taun diadegkeun Yayasan Kabudayaan
“Rancage” sarta ngaluarkeun Hadiah Sastra taunanana
ditambahan pikeun sastra Jawa (mulai 1994) jeung sastra Bali
(mulai 1998). Ku kituna Hadiah “Rancage” pikeun sastra
Sunda teh anu ka-15 kalina, ari nu keur sastra Jawa anu
ka-10 kalina, keur sastra Bali nu ka-6 kalina. Alhamdulillah
mayeng saban taun teu kungsi pegat. Pikeun saban basa
disayagikeun dua hadiah, nyaeta pikeun karya (buku
anu medal dina taun samemehna) jeung pikeun jasa
(jalma atawa lembaga anu geus nembongkeun jasa kana
kamekaran basa katut sastra di daerahna masing-masing).
Jadi kabehna aya 6 hadiah mangrupa piagem jeung duit
masing-masing Rp. 5 juta. Salian ti eta disayagikeun Hadiah
“Samsudi” pikeun para pangarang nu nulis carita budak dina
basa Sunda.
Taun 2002 pamedalan buku dina
basa Sunda, Jawa jeung Bali beuki euyeub jumlahna
dibandingkeun jeung taun samemehna. Buku bacaan basa Sunda
(kaasup bacaan barudak) nu medal aya 27 judul (taun 2001 aya
13 judul), buku basa Jawa aya 10 judul (taun 2001 aya 7
judul), ari sastra Bali aya 19 judul (taun 2001 aya 11
judul). Buku bacaan barudak dina basa Sunda nu medal taun
2002 aya 8 judul (taun 2001 ngan aya 2 judul). Sanajan
masih tacan saimbang jeung jumlah panyatur masing-masing
basa, tapi dibandingkeun jeung taun-taun samemehna, geus
nembongkeun ayana kamajuan.
Hadiah Sastra “Rancage” 2003
pikeun sastra Sunda
Kana jumlah 27 judul buku
Sunda anu medal taun2002 teh henteu kaasup kamus-kamus jeung
buku-buku pangajaran. Nu mangrupa karya sastra (roman,
kumpulan carita pondok, kumpulan sajak, terjemahan) mah ngan
aya 18 judul, sabagian citak ulang, jadi nu anyar mah ngan
aya 7 judul, nyaeta 4 kumpulan carita pondok, hiji kumpulan
sajak, hiji kumpulan prosa lirik, jeung hiji roman. Hiji
deui mangrupa kumpulan tulisan tina internet henteu
diasupkeun kana nu diajen pikeun meunangkeun Hadiah Sastra
“Rancage” 2003. Nu mangrupa citakan mindo nyaeta Laleur
Bodas beunang Samsu, Jodo Pakokolot jeung Anis
Aljalis beunang R. Memed Sastrahadiprawira, Si
Kabayan Jadi Dukun, Palika jeung Jin, Buah Koldi, Istri
Pelit jeung Saepul Muluk beunang Moh. Ambri,
Beber Layar! beunang Ajip Rosidi, jeung Sripanggung
beunang Tjaraka. Cara sasari citakan mindo jeung karangan
Ajip Rosidi mah henteu kaasup anu dibere ajen pikeun
meunangkeun Hadiah “Rancage”.
Demi buku-buku anu
diajen pikeun meunangkeun hadiah sastra “Rancage” 2003
nyaeta: Anak Jadah kumpulan carita pondok Cecep
Burdansyah, Dukun Lepus kumpulan carita pondok Ahmad
Bakri, Pantun Pangrajah kumpulan carita pondok Usman
Supendi, Ombak Halimun kumpulan sajak Hadi AKS,
Awaking Jimat Awaking kumpulan prosa lirik Wahyu
Wibisana jeung Kembang-kembang Petingan roman beunang
Holisoh M.E. Ti Pulpen tepi ka Pajaratan mah mangrupa
kumpulan carita mini hasil sayembara, henteu kaasup anu
diajen da lain karya hiji pangarang.
Anak Jadah
ngamuat sawelas carita pondok Cecep Burdansyah, di antarana
aya nu kungsi dileler Hadiah Sastra LBSS. Rereana
nyaritakeun kateuberesan di masyarakat kiwari bari
ngagambarkeun nasib sileutik anu salilana jadi wadal
kateuadilan. Dina sawatara carita Cecep bisa ngagambarkeun
realitas nu dicaritakeunana kalawan hirup cara dina “Bagea
nu rek datang”,
“Tunggal Sagetih”, “Potret
Tilu Jalma dina Albeum Kuring” jeung “Anak Pulung”. Tapi
dina sawatara carita pondok sejenna, kakara nyarita sacara
verbal atawa mangrupa formulasi pikiran anu henteu nepi ka
jadi carita cara dina “Nu Datang Patutur-tutur” jeung “Nu
Hayang Ajeg Tangtungan”. Sanajan sacara umum mah Cecep bisa
disebut lancar dina ngagunakeun basa Sundana, tapi rea
keneh ungkara anu mangrupa salinan sajalantrahna tina basa
Indonesia salian ti dina gunem-catur mah sakapeung basana
campur meureun ngahaja sangkan leuwih jiga enya.
Pantun
Pangrajah ngamuat dua welas carita pondok beunang Usman
Supendi, di antarana aya nu kungsi meunang hadiah sastra
LBSS. Rereana nyaritakeun barobahna kahirupan jeung
ajen-inajen Sunda ku sabab pangaruh kakuatan “pembangunan
ekonomi”. Nu digambarkeun rereana jalma-jalma anu hayang
mageuhan talari karuhun jeung ajen-inajen heubeul henteu
walakaya nyanghareupanana. Rea anu jadi korban ku tingkah
anak atawa kulawargana sorangan anu kapangaruhan ku moral
“pembangunan ekonomi” ngan nenjo kauntungan material jeung
finansial bae bari henteu ngaragap hate nu jadi kolot cara
dina “Hiji Poe dina Bulan Desember” jeung “Basa Aki Nganjang
ka Lembur”. Barobahna masarakat nepi ka henteu mageuhan deui
titinggal karuhun dicaritakeun dina “Pantun Pangrajah”,
“Kacapi”, “Kuda Renggong”, “Reureuhna Dewi Sri”, jeung
“Rengkong”. Cindekna umumna carita-carita pondok Usman anu
dimuat di dieu teh mawa suasana kulawu nu matak pesimistis.
Ngan dua caritana anu matak hegar, nyaeta “Ngalongok
Lembur” nyaritakeun urang Sunda anu sakola di Amerika diajar
ngajenan budaya karuhunna ti urang Bule sarta waktu di
lembur nyaksian karuksakan anu ditimbulkeun ku bapana anu
ngalaksanakeun “pembangunan ekonomi” bari henteu mikirkeun
akibatna kana kahirupan katut budaya urang lembur tuluy rek
ngajual saham pamere bapana pikeun ngawangun masjid di
lemburna; jeung “Tepung di Panglaksaan” nu nyaritakeun
tepung jodona dua mahasiswa di lemburna dina upacara
tradisional ngalaksa. Ngan dina ngagunakeun basa Sunda,
kaciri pisan yen Usman teh mikir sarta ngarakit ungkarana
dina basa Indonesia nu tuluy diSundakeun, tur henteu
salilana manehna manggihan kecap anu merenah pikeun
mindahkeun kecap jeung ungkara kalimah basa Indonesiana.
Cara kalimah kadua dina carita munggaran nu unina “Leungeun
kencana nu hepe kateureuy ku umur nyekel tangkal hanjuang nu
ngiuhan kuburan Kai Antasan” apan sidik salinan
sajalantrahna tina ungkara basa Indonesia “Tangan kirinya
yang kurus dimakan usia memegang pohon hanjuang yang
menaungi kuburan Kai Antasan”. Ungkara “kateureuy ku umur”
sidik euweuh dina basa Sunda sarta eta teh salinan tina
ungkara basa Indonesia “dimakan usia”. Kitu deui ungkara
dina alinea eta keneh nu unina “bedog diasupkeun deui kana
jero sarangkana” apan sidik salinan tina “golok dimasukkan
lagi ke dalam sarungnya”. Dina ungkara basa Sunda mah teu
kudu make kecap “jero” deui, jadi cukup ku “bedog diasupkeun
kana sarangkana”.
Hal cara kitu teh rea kapanggih dina karangan-karangan para
pangarang ngora cara anu kungsi disebutkeun dina Kaputusan
taun tukang jigana akibat tina kurangna kasempetan macaan
buku-buku sastra Sunda modern anu geus klasik cara karangan
Moh. Ambri, R. Memed Sastrahadiprawira, R. Satjadibrata
jeung sabangsana. Mudah-mudahan dipindo citak deuina
buku-buku heubeul aya pangaruhna kana kamampuh para
pangarang ngora dina enggoning ngagunakeun basa Sunda.
Kalemahan dina
ngagunakeun basa Sunda teh henteu kapanggih dina
carita-carita pondok Ahmad Bakri anu dimuat dina Dukun
Lepus mah. Ahmad Bakri tapis pisan ngagunakeun basa
Sunda anu hirup tur sanajan anjeunna ge henteu bisa
ngaleupaskeun diri tina pangaruh basa Indonesia tapi ku
anjeunna mah jengglenganana jadi Nyunda, sabab
panginditanana mikir dina basa Sunda, ngawangun ungkara
kalimahna dina basa Sunda. Kabehna aya 41 carita anu dimuat
dina Dukun Lepus teh. Rea anu nyaritakeun kahirupan
di lembur Sunda, anu ditulis ku Ahmad Bakri kalawan tapis nu
ngagambarkeun yen anjeunna wawuh-wanoh kana kahirupan jeung
kajiwaan urang lembur nu tara rea codeka. Dina gunem catur
pangpangna, anjeunna rea ngagunakeun kecap-kecap dialek
lembur asalna (Rancah, Ciamis) anu ku kituna ngabeungharan
kosa kecap basa Sunda. Humor anu sering leleb-anteb sering
kapanggih dina carita-caritana, bangun ngajak nu maca
sangkan diajar nyeungseurikeun kalakuan sorangan anu henteu
merenah. Nu dicaritakeunana ti jaman samemeh perang (“jaman
normal”), jaman Jepang, jaman revolusi kamerdikaan datang ka
jaman kiwari, nepi ka carita-carita pondok nu dimuat dina
Dukun Lepus teh sacara henteu langsung mangrupa panorama
kahirupan lembur jeung urang Sunda sapanjang jaman. Ku Ahmad
Bakri kagambarkeun barobahna ajen-inajen kahirupan dina
unggal jaman, nepi ka carita pondokna salian ti miboga ajen
sastra teh miboga ajen dokumentasi sosial deuih. Cindekna ku
carita-carita pondok anu dimuat dina Dukun Lepus,
Ahmad Bakri ngabeungharan khazanah sastra Sunda ku karya anu
luhur ajenna.
Ombak Halimun
mangrupa kumpulan sajak Hadi AKS nu munggaran, diwangun ku
dua bagian nu masing-masing dijudulan “Ombak” jeung
“Halimun”. Dina nu dikumpulkeun dina “Ombak” rea
ngagambarkeun kahirupan di laut jeung rea ngasupkeun kecap
dialek Banten – Hadi dijurukeun di Pandeglang. Minangka
kecap ganti diri kahiji sering digunakeun “kami” nu mere
warna dialek Banten, tapi ana dikantetkeun jeung kecap ganti
diri kadua “anjeun” cara dina sajak “Pandeglang”, asa jadi
jomplang da kecap “anjeun” mah digunakeunana dina lingkungan
anu beda. Dina sajak-sajak anu dikumpulkeun dina “Halimun”,
warna Banten diganti ku warna Bandung jeung Lembang atawa
kota sejenna. Kecap-kecap dialek Banten henteu digunakeun.
Nu jadi subyek sajakna umumna dirina pribadi – beda jeung
anu kapanggih dina sajak-sajak nu dikumpulkeun dina “Ombak”
nu rea ngagambarkeun kahirupan sosial sisi laut. Tapi sacara
umum Hadi bangun masih repot neangan ungkara jeung wangunan
sajak anu cocog jeung nu rek dikedalkeunana.
Prosa lirik Wahyu
Wibisana nu dibukukeun jadi Anaking Jimat Awaking
mangrupa galindeng hiji bapa nyarita ka anak-anakna nu masih
keneh jadi kembang buruan, ngeunaan kahirupan sapopoe di
lingkungan rumahtangga hiji pagawe (negri). Sanajan
ngagunakeun kecap “hidep” nu ditujukeun ka barudakna, tapi
nu ditulis ku Wahyu leuwih ditujukeun ka dirina sorangan,
ngajak anu maca milu asup ka dunyana anu tingtrim, leupas
tina pasualan-pasualan badag dina kahirupan nyata.
Holisoh M.E., pangarang Sunda anu
pangproduktifna bari jeung kreatif (manehna geus nulis
leuwih ti 300 carita pondok dimuat dina rupa-rupa majalah
mayeng ti taun 1970-an nepi ka kiwari), taun 2002 medalkeun
roman Kembang-kembang Petingan, nu waktu dimuat
nyambung dina Mangle geus nyababkeun nu ngarangna
narima Hadiah LBSS. Ieu teh roman Holisoh nu kadua nu medal
jadi buku. Nu munggaran judulna Katineung (1998).
Kembang-kembang Petingan caritana ngeunaan awewe anu
tikunclung kana kanistaan jadi ungkluk ku lantaran
dinyenyeri ku salaki, nu waktu aya nu ngajait dijadikeun
pamajikan anu sah, nyanghareupan masarakat anu henteu narima
urut ungkluk aya di lingkunganana, mangkaning pamajikan
salakina anu kolot oge ngontrog deuih nyarekan laklak dasar.
“Na teu meunang awewe bangor jadi bener? Na teu meunang
ungkluk milu hirup kumbuh di sabudereun awewe-awewe bener?
Jeung barina ge kuring mah ruruntuk lain awewe bangor!” ....
“Atawa meureun ungkluk mah kudu tetep we jadi ungkluk, teu
meunang jadi bener ..... Ana kitu mah teu adil atuh dunya
teh...... Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat!
Tukang tipu tobat ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus
tobat bet pada mikaceuceub wae?” Holisoh ngagugat
kamunapekan masarakat dina tungtung karanganana. Ngan anu
ngajadikeun Kembang-kembang Petingan pinunjul mah
lain gugatanana, tapi kaparigelan Holisoh dina ngagambarkeun
kahirupan dunya mesum kalawan realistis jeung hirup. Nu
digambarkeunana lain ngan kahirupan fisikna sapopoe, lain
ngan kaayaan di imah si Mamih anu ngukut “kembang-kembang
petingan”, tapi
alam batin jalma-jalma anu araya di dinya deuih: kanyerina,
harga dirina, kanyaahna ka nu jadi anak atawa kolot,
kateuresepna ka “langganan” tapi nu kudu dilayanan kalawan
hade, cindekna Holisoh nyieun potret realistis nu matak
hemeng ku sabab pagaweanana sapopopoe apan jadi guru.
Ku kituna sabada
pabeurat-beurat beusi jeung Dukun Lepus kumpulan
carita pondok Ahmad Bakri, nu dileler Hadiah Sastra
“Rancage” 2003 pikeun karya dina basa Sunda teh
Kembang-kembang Petingan
Roman
beunang Holisoh M.E. (l. 25 Desember 1952 di Kabupaten
Bandung)
Seri
Girimukti wedalan PT Kiblat Buku Utama, Bandung
Ka Holisoh M.E.
baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003 mangrupa
piagem jeung duit (Rp. 5.000.000).
Ari anu kapilih
pikeun nampa Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun jasa
dumeh gede sumbanganana kana usaha makayakeun kahirupan basa
jeung sastra Sunda, nyaeta
Dra. Tini-Kartini
(lahir
di Tasikmalaya, 29 Oktober 1933)
Tini mimiti nulis carita pondok waktu keur jadi
mahasiswi B-I basa Sunda, dimuat dina sk. Sipatahoenan
(1959). Saterusna karangan-karanganana dimuat dina
Madjalah Sunda, Mangle jllna. Carita-carita
pondokna dibukukeun jadi Jurig! (1963), Pasea
(1965) jeung Nyi Karsih. Bukuna nu sejen: Jurig
Kabayan nu mangrupa pindo catur tina dongeng-dongeng
Si Kabayan. Salian ti carita pondok Tini ge sok nulis
sajak, bahasan jeung terjemahan. Satamatna ti B-I, diangkat
jadi guru SPG di Tasikmalaya bari neruskeun kuliah di
Jurusan Bahasa dan Sastera Indonesia FPBS IKIP Bandung
ekstension Tasikmalaya nepi ka tamat. Eureun tina ngaguruan,
Tini didamel di Kanwil Depdikbud Jawa Barat, mimitina di
Bidang Permuseuman tuluy pindah ka Bidang Pendidikan
Masyarakat nepi ka pangsiun.
Tini ge rea ngayakeun panalungtikan ngeunaan basa katut
sastra Sunda dina raraga proyek penelitian Pusat Bahasa, boh
nyalira boh babarengan jeung nu sejen jadi anggota atawa
Ketua Timna, nu geus medal di antarana Daeng Kanduruan
Ardiwinata, Sastrawan Sunda (1979), Biografi dan
Karya Pujangga Haji Hasan Mustapa (1985), Undak-usuk
basa Sunda, jllna. Waktu para pangarang wanoja Sunda
ngadegkeun organisasi Patrem (1982), Tini kapilih jadi
sesepuhna nu munggaran. Tini ge sering kaselir jadi anggota
atawa sesepuh juri rupa-rupa sayembara jeung hadiah sastra
kayaning juri Hadiah Sastra LBSS, Hadiah Sastra D.K.
Ardiwinata, jllna. Sabada pangsiun Tini milu ngokolakeun
Perpustakaan Prof. Dr. D.A. Tisnaamidjaja.
Ka Dra
Tini-Kartini baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003
pikeun jasa mangrupa piagem jeung duit (Rp.
5.000.000).
Hadiah Sastra “Rancage” 2003
pikeun sastra Jawa
10 judul buku anu medal dina
basa Jawa taun 2003 teh, 6 mangrupa kumpulan sajak, 4
roman, nyaeta Geguritan Alam Sawegung, Geguritane Wong
Pensiyunan, Geguritan Siberberberber, tiluanana karya
Sudi Yatmana; Winih Semi jeung Sastra Campursari
mangrupa kumpulan babarengan, Dongeng Wanci Purnama
kumpulan sajak Diah Hadaning kabehanana kumpulan sajak, ari
roman-romanna: Pisungsang kang Wingit karya Atas S.
Danusubroto, Lintang Panjer Rina karya Daniel Tito,
Candhikala Kapuranta karya Sugiarta Sriwibawa jeung
Tumlawung karya Dhiajeng Naniek (Drs. F.C.
Pamudji). Ti nu 6 kumpulan sajak, dua mangrupa antologi
nyaeta Winih Semi, kumpulan guritan hasil “Bengkel
Sastra Jawa” nu diayakeun ku Balai Bahasa Yogyakarta jeung
MGMP sakabupaten Bantul; jeung Sastra Campursari nu
mangrupa antologi sajak-sajak Jawa dina dialek Osing,
Madura, Surabaya jeung Mataraman. Ku lantaran mangrupa
kumpulan babarengan, duanana ge henteu kaasup nu diajen
pikeun meunangkeun Hadiah Sastra “Rancage”.
Tina 4 kumpulan
sajak teh, 3 dikarang ku saurang, nyaeta Sudi Yatmana nu
narima Hadiah Sastra “Rancage” 2002 pikeun jasa,
judulna Geguritan Alam Sawegung, Geguritane Wong
Pensiyunan jeung Geguritan Siberberberber.
Istimewana salian ti sakapeung make terjemahan dina basa
Indonesia jeung Inggris teh, sok make katerangan dina basa
Inggris ngeunaan kecap-kecap Jawa anu dipake dina sajakna
deuih. Eusi sajak-sajakna rea anu nembongkeun jiwa optimis
nu nulisna nu resep kana eksperimen. Rea anu mangrupa
gagasan-gagasan ngeunaan hirup anu dianut ku nu nulisna
atawa ngagambarkeun kanyataan anu disanghareupan. Dina
nyelap-nyelapkeun basa Inggris atawa Indonesia dina guritan
(sajak) basa Jawa bisa disebut inovatif nyaeta dina usaha
ngawangun konsep estetis nu hegar tur anyar. Ngan hanjakal
gagasan-gagasanana tacan namper sacara estetis, usahana nu
inovatif nimbulkeun kesan kasar nu nyababkeun karyana tacan
nepi kana tarap puisi.
Kumpulan sajak
Diah Hadaning nu judulna Dongeng Wanci Purnama,
eusina rea nu ngagambarkeun masalah sosial, masalah
lingkungan, masalah gender, catetan panyabaan, pupujian
jllna. Sakapeung tandang gagah pertengtang, sakapeung
leuleuy matak tingtrim. Hanjakal kurang dibarengan ku usaha
ngolah aspek sejen anu penting pikeun logika puitik.
Upamana sakapeung dina pilihan kecap (diksi) leuwih condong
kana purwakanti manan kana harti. Atawa kurang merhatikeun
buleudna hiji imaji. Dina sajak “Upacara ing Tabir Pedhut”
padalisan nu ka-3 unina “cacahe padha lan waspa” (jumlahna
sarua jeung cipanon), pan kecap “padha” jeung “waspa” teh
henteu miboga hubungan harti sama sakali, salian ti asonansi
purwakanti tungtung. Kitu deui dina padalisan nu ka-6: “ati
kekes tembange leres” (hate mucicid tur tembangna bener),
apan ngan ngudag asonansi purwakanti tungtung, da hartina
mah henteu puguh.
Roman
Pisungsang kang Wingit karya Atas Danusubroto
nyaritakeun katresna hiji guru SD ka urut babaturan ulinna,
tapi henteu laksana. Duanana geus nguyup puncakna katresna,
tapi henteu boga kawani pikeun nembrakkeun hubunganana,
dipungkas ku antiklimaks jalaran tokoh lalakina ngadadak
nombro ku sabab putusasa. Alur carita anu disusun sacara
dinamis sarta matak panasaran, asa babari pisan
dianggeuskeun sacara klise.
Daniel Tito nu
nulis Lintang Panjer Rina teh pangarang ngora nu
digawe jadi wartawan. Tokoh utama caritana Harjito, indit
neangan gawe ka Sumatra ku sabab Winarsih, kabogohna, kawin
jeung nu sejen. Waktu Winarsih sabada pegat jeung salakina
nyusul ka Sumatra, mimitina mah ditolak ku Harjito anu
embungeun ngahampura dosana. Tapi ahirna Harjito leeh ku
kasabaran jeung kahadean Winarsih anu ngawulaan indungna
waktu gering tur nyorangan di imahna. Sanajan dina
ngagunakeun basa katingal yen Daniel Tito teh parigel, tur
nembongkeun yen rea maca, tapi carana namatkeun carita jiga
dina carita hiburan.
Roman Sugiarta
Sriwibawa nu judulna Candhikala Kapuranta nembongkeun
kadaria nu nulisna, lain bae dina milih tema, ngagambarkeun
tokoh, latar jeung alur carita, tapi dina pilihan judul
jeung bahan-bahan caritana deuih. Tina judulna karasa nuansa
budaya Jawa. Harti eta judul teh: Mangsa Srangenge Surup
Cahayana Gumebyar Jingga, nu sacara simbolik ngagambarkeun
tokoh-tokoh utama (nu dilambangkeun ku candhikala)
musnah kabeh diganti ku munculna sirung (Kusumastuti nu
dilambangkeun ku kapuranta). Ku kituna tema utama
carita jadi beuki atra da pangarangna taliti dina enggoning
milih sarta ngahirup-huripkeun tokoh-tokohna – nu miboga
perwatek nu beda-beda – dina bagian-bagian alur (plot) nepi
ka karasa jadi dinamis sarta unik. Kaunikan alur nu diwangun
ku kakuatan pangarang dina ngagarap kasang tukang budaya
Jawa, dirojong ku judul-judul bab nu simbolis teh
ngabuktikeun katalitianana. Boh dunya priyayi boh dunya wong
cilik kagambarkeun kalawan apik dina sakabeh unsur nu
ngarojong carita. Meh teu aya nu dibalikan deui atawa
digresi dina alur carita da sakabeh anu digambarkeun ku
pangarang miboga harti. Tungtung carita ngabuktikeun
katalitianana dina ngagarap alur ditambah ku ngebrehkeun nu
matak panasaran dina waktu anu tepat nepi ka karasa matak
kaget – bari jeung endah! Hal sejen nu penting nyaeta
ngagunakeun tehnik carita nu make pigura (cerita
berbingkai). Carita intina dihapit ku pigura nu mangrupa
carita sejen luareun nu utama. Dina pigura kahiji, “kuring
fiktif” tepung jeung Pa Atmakusuma dina hiji sore
ngaririncik dina taun 1952 atawa 2 taun sabada 1949 di hiji
imah di Patrajayan, Solo. Carita ditutup ku munculna deui Pa
Atmakusuma sarta si kuring fiktif pamitan rek balik. Nya di
dieu munculna Kusumastuti nu ngan sakilas cara nu
dilambangkeun ku kecap kapuranta dina judul, tapi nya
ti manehna deuih jadi kanyahoan yen saenyana Pa Atmakusuma
mah geus maot. Ari inti caritana ngeunaan dua awewe, Munah
jeung anakna Munasih. Munah nu asalna ti desa sacara henteu
sadar kapangpengkeun kana kahirupan priyayi Solo anu kasohor
rea pancarakenna nu kudu diestokeun ku Munah jeung anakna
sabada jadi selir Raden Mas Puspawicitra. Jodo lintas-kelas
mere kasempetan ka pangarang pikeun gunta-ganti lingkungan
anu dicaritakeunana, sakapeung dunya kaum priyayi, sakapeung
kahirupan wong cilik, nyaeta babaturan Munah jeung Asih,
tukang maraen wayang wong “Darma Utama” anu dipingpin ku
Babah Limpung, hiji Cina peranakan.
Tumlawung
karya Dhiajeng Naniek (ps. F.C. Pamudji nu kungsi nampa
Hadiah “Rancage” 1994). Caritana ngeunaan Sumaryana urang
desa anu sukses hirupna antarana kajurung ku lantaran kungsi
gagal meunangkeun Wundiyah anu direbut ku Heru. Dina
ngagambarkeun situasi padesan jeung kalakuan katut basa
urang desa nu khas, beunang disebutkeun hade. Tapi hanjakal
henteu diimbangan ku ngagarap unsur carita sejenna nu
penting. Alurna upamana henteu pengkuh ku sabab rea
digresi, di sagigireun eta rea teuing kabeneran nu jiga
gampang pisan kajadianana.
Sabada nitenan
kakurang jeung kaunggul buku karya sastra Jawa anu 6 judul
nu medal taun 2002, Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun
karya basa Jawa teh dipaparinkeunana ka
Candhikala
Kapuraranta
Roman
kenging Sugiarta Sriwibawa (l. di Solo, 31 Maret 1932)
Terbitan PT Dunia Pustaka Jaya, Jakarta
Demi anu kapilih
pikeun dihaturanan Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun
jasa dina ngamekarkeun basa jeung sastra Jawa nyaeta
Drs.
Mochtar
Pamingpin Redaksi majalah
Panjebar Semangat
(Lahir
di Pacitan, 27 Februari, 1927)
Mochtar mimiti
aktif jadi redaktur Panjebar Semangat taun 1982. Tapi
missina tetela hayang neruskeun ngalaksanakeun cita-cita anu
ngadegkeun eta majalah, nyaeta Dr. Soetomo nu palayeun
ngaronjatkeun martabat bangsa ku jalan atikan nu dumasar
kana kabudayaan Jawa. Geus ti awal pamedalanana majalah ieu
teh milih ngagunakeun basa Jawa wong cilik, nyaeta basa
ngoko (loma). Nepi ka ayeuna jeroning dipingpin ku Mochtar
eta missi teh dipertahankeun. Usaha Mochtar enggoning
ngabela missina kasaksen tina tajuk-tajuk rencana anu
ditulisna, antarana “Memetri Kebudayan Jawa” (no. 27 tn.
1982), “Sumpah Pemuda Dudu Pepalang Tumrap Mekare Basa Jawa”
(no. 44 tn. 1983), “Geneya Kudu Basa Manca” ( no. 43 tn.
1988), “Geneya PWI Melu-melu Nyingkur Basa Jawa?” (no. 6 tn.
1995), “Relevansi Basa Jawa karo Pendhidhikan Budi Pekerti””
(no. 20 tn. 2001), jllna.
Mochtar
ngusahakeun ngajak generasi ngora sangkan maca basa Jawa di
antarana ku ngabebenah rubrik Panjebar Semangat
sangkan dipikaresep ku barudak ngora, di sagigireun
ngayakeun rupa-rupa pasanggiri, cara pasanggiri mojang jang
kulit majalah, nulis bahasan ngeunaan carita pondok anu
dimuat, jllna. Mochtar ku anjeun rea nransliterasi naskah
sastra Jawa kana aksara Latin sarta nerjemahkeunana,
antarana Serat Nitimani jeung Serat Jaya-Baya,
nerjemahkeun carita-carita pondok asing (karangan G.B. Shaw,
Anton Chekhov, Saki, E, Allan Poe jeung Sommerset Maugham)
kana basa Jawa nu dibukukeun kalawan judul Serenada
Schubert: Kumpulan Cerita Cekak Manca Pilihan sarta
ngumpulkeun carita rayat Jawa Timur dina buku Macan
Gadhungan: Kumpulan Crita Rakyat Jawa Timur.
Ka Drs. Mochtar
baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003 mangrupa
piagem jeung duit (Rp. 5.000.000).
Hadiah Sastra “Rancage” 2003
pikeun sastra Bali
Dina taun 2002 aya 19 judul
buku basa Bali nu medal: 4 kumpulan sajak, 3 kumpulan drama,
5 kumpulan carita pondok, 5 roman jeung 2 terjemahan. Tina
19 judul nu medal teh, 15 di antarana damelan I Nyoman Manda
nu kungsi nampa Hadiah Sastra “Rancage” 1998 pikeun jasa.
Terjemahan Deru Campur Debu (Chairil Anwar) jeung
Tirani dan Benteng (Taufiq Ismail) duanana ge kenging I
Nyoman Manda. Lima roman kabehanana kenging anjeunna.
Pangarang sejen anu medalkeun leuwih ti sajudul dina taun
2002, nyaeta Putu Bawa Samar Gantang, nu medalkeun kumpulan
carita pondok Macan Raden (Maung Kajajaden), jeung
tilu kumpulan sajak: Puisi “Modre” Samar Gantang, Sagung
Wah jeung Onyah (Guligah). Pangarang anu kungsi
nampa Hadiah Sastra “Rancage” 2001 Agung Wiyat S. Ardhi
medalkeun kumpulan drama Bogolan (Jalma hukuman), ari
nu kungsi nampa Hadiah Sastra “Rancage” 2002 Djelantik
Santha medalkeun kumpulan carita pondok Biur
(Huru-hara). Pangarang nu kungsi nampa Hadiah Sastra
“Rancage” sejenna, I Made Sanggra (1998), Komang Berata
(1999), I Gde Dharna (2000) jeung I Ketut Rida (2000)
sanajan henteu medalkeun buku tapi karanganana terus dimuat
dina majalah-majalah Canangsari, Buratwangi jeung
Satua. Buku sejen nu medal dina taun 2002 nyaeta
kumpulan carita Meunyi Gebuh (Rahul) beunang Putu
Gede Suata nu matak kataji ku sabab pilihan tema (patali
jeung mitos-mitos di masarakat Bali jeung isu kontemporer
kayaning kamiskinan) jeung kamampuh basana nu luhur, jeung
kumpulan sajak Ning Brahma (Brahma nu Suci) karya
Nyoman Tusthi Eddy nu nembongkeun kakuatan panyajakna dina
nyiptakeun irama endah ku jalan ngamangpaatkeun kecap-kecap
sacara maksimal.
Sabada diajen
kualitas buku-buku anu medal taun 2002 teh, pilihan pikeun
dihaturanan Hadiah Sastra “Rancage” 2003 jang karya
nyaeta
Bunga Gadung Ulung Abancang (Kembang Gadung Rontog
Sagagang)
Roman beunang I Nyoman Manda (l. di
Gianyar, 1938)
Wedalan Pondok Tebawutu, Gianyar
Ieu roman
teh mangrupa trilogi nu bagian nu kahijina medal taun 2001.
Dumasar kana babad Dalem Tarukan tina naskah lontar. Sanajan
dumasar kana carita heubeul tapi angger matak kapincut ku
sabab pangarangna mampuh nyuguhkeun carita heubeul dina plot
atawa struktur naratif modern. Bagian kahijina (111 kaca)
nyaritakeun tragedi nu kaalaman ku panganten anyar Kuda
Penandang Kajar (anak pulung Dalem Tarukan) jeung Dewi Ayu
Muter (anak Dalem Samprangan) nu silih pikaasih. Duanana
nemahan pati ku sabab ditubles ku keris sakti Ki Tanda
Langlang nu bisa ngabelesat sorangan kagunganana Dalem
Samprangan nu henteu nyaluyuan duanana nikah. Dewi Ayu Muter
diiwat ku Ida Dalem Tarukan, ramana Penandang Kajar sarta
rayina Dalem Samprangan. Dina bagian kadua (88 kaca)
dicaritakeun mumusuhan antara Dalem Tarukan jeung Dalem
Samprangan teh beuki parna. Ku sabab Dalem Samprangan
kagungan tekad rek nelasan rayina, atuh Dalem Tarukan teh
kakaburan ka tengah leuweung ngantunkeun geureuha nu keur
ngandeg, nyamar jadi rahayat biasa pipindahan ti hiji tempat
ka tempat sejenna. Sabada sawatara lilana, anjeunna tepang
jeung Ida Dewa Bagus Dharma anu sihoreng teh putrana ku
anjeun. Dalem Tarukan pupus, tapi Ida Dewa Bagus Dharma boga
tekad pikeun nelasan Dalem Samprangan. Dina bagian
panungtung (75 kaca) digambarkeun yen para pembantu jeung
prajurit balad Dalem Tarukan sabilulungan jeung I Dewa Bagus
Dharma pikeun ngagempur pasukanana Dalem Samprangan. Tapi
dina waktu bitotama, I Dewa Bagus Dharma jeung pasukanana
henteu walakaya nyanghareupan musuh anu kakuatanana
manglipet-lipet. Tapi sanajan eleh I Dewa Bagus Dharma
dianggap ksatria ku sabab ngabela ramana. Dina tungtung buku
pangarang netelakeun yen kulawarga Dalem Tarukan jeung Dalem
Samprangan ahirna mah ngahiji deui.
Dina nuliskeunana,
Nyoman Manda kacida ati-atina. Deskripsi carita jeung
kasangtukang waktu digambarkeun kalawan taliti, upamana
iinditan kana kuda, dahar nginum ngagunakeun batok kalapa,
daun atawa nyiru; ari nulis ngagunakeun pangot kana lontar.
Gambaran alam, pangpangna florana, matak kataji, pinuh ku
ngaran kekembangan di taman anu endah, hegar tur romantis.
Ka I Nyoman Manda baris
dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun karya
mangrupa piagem jeung duit (Rp 5.000.000).
Demi anu kapilih pikeun
dihaturanan Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun jasa nyaeta
I Gusti Putu Basa
Samar Gantang
(Lahir di Tabanan,
27 September 1949).
Samar Gantang teh seniman nu
masagi. Salian ti nulis, sok ngalukis deuih. Nulis dina basa
Indonesia jeung basa Bali ti taun 1960-an waktu masih keneh
jadi murid SMA. Kungsi ngeusian acara apresiasi sastra di
Radio Menara Denpasar (1973—1983) babarengan jeung Lesiba
(Lembaga Seniman Indonesia Bali) nu dipingpin ku I Made
Sukada. Dina eta kasempetan manehna sakapeung sok macakeun
sajak dina basa Bali modern, di sagigireun sajak basa
Indonesia. Tulisanana dina basa Bali kakara medal taun 2000
boh mangrupa buku boh dimuat dina majalah. Kumpulan sajakna
Aab Jagat (Kondisi Jagat) meunang pangajen ti majalah
Sarad (2001). Taun 2002, Samar Gantang medalkeun 4 judul
buku. Carita pondok jeung sajakna nawarkeun
kamungkinan-kamungkinan anyar. Dina carita pondokna manehna
nimbulkeun isu miara lingkungan ngagunakeun sistim
kapercayaan masarakat Bali kana mitos. Dina sajakna rea
nuliskeun kajadian historis nu mangrupa bagian tina sajarah
lokal. Manehna ge nawarkeun kamungkinan nulis puisi mantra
dina sajak modern Bali cara nu kungsi dilakukeun ku Sutardji
Calzoum Bachri dina basa Indonesia. Dina hirupna sapopoe,
Samar Gantang jadi guru sastra Indonesia bari mingpin
sanggar-sanggar seni jeung sastra di Tabanan nu antarana
ngahudangkeun apresiasi kana sastra Bali modern, ngadorong
generasi ngora pikeun ngapresiasi, mikacinta jeung nulis
dina basa Bali modern.
Ka I Gusti Bawa Samar Gantang
baris dihaturtkeun Hadiah Sastra “Rancage” 2003 pikeun jasa
mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5.000.000).
Hadiah “Samsudi” 2003 pikeun
buku bacaan barudak dina basa Sunda
Dina taun 2002 aya 8 judul
buku bacaan barudak basa Sunda anu medal (taun 2001 mah ngan
2 judul), sabagian pindo citak, nyaeta Babalik Pikir,
Budak Teuneung, Jatining Sobat jeung Carita si Dirun
karangan Samsoedi, jeung Kabandang ku Kuda Lumping
karangan Ahmad Bakri – kabehanana pindo citak. Nu
mangrupa buku anyar mah Menak Amir, Utara Utari jeung
Lutung Leutik karya Ki Umbara. Menak Amir
dumasar kana siklus carita Amir Hamzah nu sumebar di
sakuliah Nusantara. Ki Umbara nuliskeun versi carita wayang
cepak Cirebon, Utara-Utari mangrupa kumpulan dongeng
Sunda anu ditulis deui dina gaya nu khas; ari Lutung
Leutik dumasar kana carita pantun Kuningan – daerah asal
Ki Umbara. Ieu carita anu sakapeung disebut Ratu Bungsu
Karma Jaya teh henteu dikenal di daerah pantun sejenna.
Ti antara nu tilu judul, Utara Utari nu panghadena,
jadi nya dumasar kana eta buku pisan Ki Umbara baris
dihaturanan Hadiah “Samsudi” 2003 mangrupa piagem jeung duit
(Rp. 2.500.000).
*
Upacara pamasrahan Hadiah
Sastra “Rancage” 2003 baris dilaksanakeun dina awal bulan
September 2003 nu tempatna baris ditangtukeun pandeuri.
Osaka, 31 Januari 2003
Yayasan Kebudayaan “Rancage”,
Ajip Rosidi
Ketua Dewan Pembina
|