Kaca Payun

Perkawis Girimukti

Gapura

Padungdengan

Tagog

Nu Maca

Perkawis

Rumpaka

Béwara

Résénsi Buku

Kolom Ajip Rosidi

Ésséy

Carita Pondok

Sajak-Dangding

Guguyon

Kleub Buku

Arsip Lalayang

 

 

 - Padungdengan -

 

Buku Batur Hirup

Ku Tan Malaka
Disundakeun ku Hawe
Setiawan

 

INGET kénéh aya sawatara jalma nu sok nyindiran almarhum Léon Trotsky. Pédah
éta, basa dibuang ka Alma Ata, manéhna mawa buku mangpeti-peti. Aya deuih sawa­tara karangan nu nyabit-nyabit kabiasaan Muhammad Hatta dibaturan buku sakitu peti ka tempat pem­buangan­ana.

Éstu kaharti naon pangna éta dua pa­mingpin téh tepi ka kitu. Malah sa­enyana mah kuring sok handeueul teu bisa siga ma­ranéhna, teu weléh gagal waé unggal nyoba-nyoba milampah kitu téh.

Jalma nu hirupna ngandelkeun pikiran tepikeuneun ka balaréa, boh ku péna boh ku biwir, merelukeun pustaka nu cukup. Tukang némbok pamohalan bisa nga­wa­ngun gedong, mun taya bahanna kayaning semén, batu, bata jeung sajabana ti éta. Pa­ngarang atawa ahli biantara, perelu nya­tet buku musuhna, ihwanna katut guruna. Ca­tetan anu imeut tur jitu bisa nalukkeun mu­suh kalayan singget pisan jeung bisa nga­­rebut kamupakatan tur kapercayaan nu ngandung simpati sagemblengna. Boh dina polémik, boh dina perang péna, pon kitu deui dina propaganda, catetan téh teu bisa di­culkeun, teu bina ti semén jeung ba­tu-batu pikeun ngawangun gedong. Lian ti dipaké minangka bahan catetan, buku-buku nu ngan­dung ajén téh ti­nangtu gedé paédahna keur nam­bah­an kaweruh dina hartina anu jembar.

Basa kuring munggaran dibuang ti Indo­nésia dina tanggal 22 Maret 1922, ka­wilang réa buku nu kabawa, sanajan teu leu­wih ti sapeti gedé. Aya buku-buku agama, Qur’an jeung Bi­bel, Budhisme, Konfusianis­me, Dar­win­isme, buku perkara ékonomi boh nu liberal boh nu sosialistis atawa ko­munistis, perkara pulitik ti mimiti li­be­ralis­me tepi ka komunisme, buku-buku riwayat inohong dunya, saba­ba­raha buku ngeuna­an élmuning perang jeung buku pangajaran ti mimiti élmu­ning ngitung tepi ka élmuning ngatik. Hanjakal, pustaka nu sakitu lilana ma­turan tur ngadidik téh kapaksa di­tinggal­keun di Nederland. Ari sabab­na, indit ka Moskow kudu nga­li­wat­an Polandia anu mumusuhan jeung ko­munis­me ...

Dalapan bulan nganjrek di Mos­kow kuring jarang pisan maca… Kitu deui basa ninggalkeun Rusia, teu mawa buku nanaon, dalah buku catet­an gé henteu, da puguh pamariksaan di tapel wates Rusia téh kacida telikna. 

Tapi sadatangna di Tiongkok terus ka Indonésia, kuring sumanget ngum­pulkeun buku-buku nu patali jeung éko­nomi, pu­litik, sajarah, élmu panga­we­ruh, sains, katut buku alanyar ngeu­naan sosialisme jeung komunisme. Ngadatangan toko buku geus jadi kabiasaan nu maneuh tur dilakonan kalayan sumanget. Kahayang meulian buku anyar, babakuna nu patali jeung ékonomi Asia, ngabalukarkeun dom­pét kuring kawas bonéka nu teu walakaya…

Basa Jepang perang campuh nga­lawan Tiongkok di Shanghai, ahir taun 1931, tilu poé lilana kuring kakurung tukangeun jalan North Su Chuan Road, meneran pi­san di tempat pangpe­rang­an anu mung­garan. Ti North Su Chuan Road téa, Jepang némbak ka lebah Pao Shan Road, kitu deui sabalikna sol­dadu Tiongkok. Di satengah­ing ka­aya­an saperti kitu, kuring jeung buku-buku téa teu bisa walakaya. Sang­geus dua tilu poé, tentara Jepang ngidinan pangeusi kampung pindah, ngungsi ka tempat nu leuwih aman dina témpo tibang lima menit. Puguh wé pabukon kuring kudu ditinggalkeun. Basa ku­ring balik deui ka dinya sabada pe­rang, sanggeusna ditinggalkeun sabulan lilana, teu nyésa salambar-lambar acan buku téh. Kacida ra­pih­na lailong alias tukang copét téh di­garawéna.

Tapi kuring teu peunggas harepan. Satungtung aya kénéh toko buku mah, tinangtu pabukon téh bisa diusaha­keun deui. Mun perlu, jeung mémang perlu, pa­pakéan katut kadaharan bisa di­kurang­an.

Tepi ka kuring ditangkep di Hong­kong dina tanggal 10 Oktober 1932, geus boga deui buku sapeti. Sang­geus­na dua bulan ngaringkuk di pangbé­rok­an, kuring di­leupaskeun deui, di­heu­reuy­keun kawas ucing nga­heureuykeun beurit. Deukeut­eun Amoy, kuring bisa kabur. Ngan han­jakal, kudu ninggalkeun pabukon deui baé. Buku-buku téh, bari teu dibaturan ku kuring, balayar ka Foechow. Kuring leupas tina bahya, tapi papisah jeung pustaka. Kalayan nyamar kuring bisa asup ka Amoy, terus ka pasisian Hok Kian tilu opat taun lilana, bener-bener nyingkur, istirahat bari diubar tepi ka cageur. 

Pabukon anyar ladang kukumpul di Amoy ti taun 1936 tepi ka 1937 téh ka­kubur di ditu, basa tentara Jepang ngajorag dina taun 1937. Nya dua atawa tilu buku catetan anu saenyana kacida pentingna, meunang macaan hésé capé minangka bahan pikeun buku-buku nu deuk di­­karang, kapaksa kudu dibalangkeun ka laut deu­keuteun Mérqui, saméméh tepi ka Rang­goon.

Pipisahan jeung éta dua buku catetan téh kacida sedihna. Tapi béh dieu éta kaputusan téh horéng teu salah. Duane Rang­goon mariksaan buku-buku kuring nu masih aya dijero peti, antarana English Dic­tio­nary, kalayan taliti pisan, tepi ka jilidna ogénan dipariksaan. Dompét gé teu aman. Antara Mérqui jeung Rang­goon, di tengah laut, nya di dinya nyumputna sababaraha buku catetan nu pinuh ku rarancang ga­rapeun ayeuna.

Salila tilu taun anu munggaran ngan­jrek di Singapura kuring hirup téh miskin. Gajih kacida leutikna—genep satengah rupia sabulan… Duit téh ngan cukup keur dahar sapopoé. Pa­pakéan mah geus teu kapikiran. Daptar jadi anggota taman pus­taka (library) teu kaduga ongkosna. Sok sanajan awak mah kacida jagjagna, tapi pa­ngaweruh ngan semet ditambahan ku eusi­ning koran, katut niténan tur nga­bandungan kaayaan. Tapi lila ti lila mah teu burung meu­nang pagawéan anu gajihna nyuge­ma­keun pisan.

…Kuring digawé di sakola normal ting­kat luhur (Nanyang Chinese Normal School), jadi guru basa Inggris, tur béh dieu ngajar­keun matématika deuih boh di jero boh di luareun ling­kungan éta sakola. Nya harita mimiti deui ngumpulkeun catetan pikeun buku nu deuk dikarang. Taman Pustaka Raffles (Raffles Library) méré luang jeung lolongkrang nu lega. Buku nu pangahirna diinjeum téh Capital ka­rangan Karl Marx. Ngan baé, ti poé ka poé téh, armada udara Jepang hayoh baé datang. Unggal usik kudu baé lumpat sakalumpat-lampét, nyumput di nu singkur. Kaburu maca Capital so­ténan ngan di jero lobang panyum­putan, itung-itung ngumpulkeun bahan nu saenyana mindo maca. Tepi ka 15 Fébruari 1942, kuring masih kénéh nyepeng Capital katut sababaraha catetan. Tapi sabada Singapur taluk, sakumna pengeusi éta nagara, lalaki-awéwé, kolot-budak digiring ka hiji tanah lapang, bari jeung kénca-ka­tu­hu­eunana pedang malagrang…

Saméméh ninggalkeun imah indit ka lapang tempat pamariksaan, un­tungna téh kuring kaburu kénéh nyum­putkeun buku Capital na jero cai. Nya di dinya, di Upper Serangon Road, dina émpang payuneun bumi Tuan Tan Kin Tjan, nyileukeumna buku Capital téh. Éta buku téh beunang nginggriskeun tina Das Kapital, nu ku kuring (harita maké ngaran samaran Tan Ho Seng) diinjeum ti Taman Pustaka Raffles di Singapur téa. 

Dua-tilu minggu sabada Singapur taluk, kuring tumpak parahu nyobaan meuntas ka Sumatera, tapi gagal alatan angin sakal. Kapaksa nyorang jalan Pénang-Médan. Ampir dua bulan di jalan antara Singapura jeung Jakarta, ngaliwatan semenanjung Malaka, Pé­nang, Selat Malaka (tumpak parahu layar), Médan, Padang, Lampung, Selat Sunda (tumpak parahu) jeung Jakarta. Di jalan kuring kaburu meuli­an buku-buku dina basa Indonésia. Antarana Sejarah Indonesia nu kudu disumputkeun kacida bunina, sabab aya potret kuring pisan di jerona.[]

      

(Meunang nyutat tur nyundakeun Hawé Setiawan tina “Pendahuluan” Madilog ka­rangan Tan Malaka wedalan Pusat Data Indikator, Jakarta, 1999, kaca 10-17)

lalayang girimukti online copyright©2002 - desain ku dadan_sutisna@hotmail.com