Kaca Payun

Perkawis Girimukti

Gapura

Padungdengan

Tagog

Nu Maca

Iber Buku Sunda

Rumpaka

Béwara

Résénsi Buku

Kolom Ajip Rosidi

Ésséy

Carita Pondok

Sajak-Dangding

Guguyon

Kleub Buku

Arsip Lalayang

 

 

 - Béwara -


Rumpaka Nampi Kintunan Naskah

 

Lalayang Girimukti nyadiakeun lolongkrang ka sing saha baé anu aya karep nuliskeun pangalaman maca buku-buku Sunda, artikel atawa résénsi buku. Panjang karangan saeutikna 5000 karakter atawa tilu kaca kertas kuarto deubeul spasi (husus kanggo édisi citak). Rumpaka gaduh hak ngaropéa tulisan kalawan teu ngarobah eusina. Kanggo anu karanganana dimuat boh dina édisi citak, boh dina édisi on-line, baris dipasihan kagegelan mangrupi buku Sunda ti penerbit P.T. Kiblat Buku Utama. Kintunkeun karangan Sadérék ka é-mail lalayang_girimukti@hotmail.com atanapi lalayang-girimukti@yahoo.com
 


Riungan di Panglawungan Girimukti

 

Saban bulan, Panglawungan Girimukti ngayakeun riungan, ngobrol sabudeuran buku-buku Sunda. Kanggo informasi, perkawis waktos sareng tempat riungan, mangga kintunkeun é-mail Sadérék. Insya Alloh saban riungan bakal kénging uleman.


 Hadiah Bulanan Manglé

 

Ieu mah husus kanggo murangkalih SD-SLTP-SMU/SMK anu gaduh karesep nyerat dina basa Sunda. Kintunkeun karya Sadérék (carpon, éséy, sajak) ngalangkungan é-mail majalah_mangle@hotmail. com. Panjang karangan (kanggo carpon sareng éséy) maksimal 4000 karakter. Karya Sadérék anu nyumponan sarat baris dimuat dina Majalah Manglé rubrik Manglé Alit/Rumaja, sarta saban bulan baris diajén pikeun meunangkeun hadiah ti Drs. H. Uu. Rukmana anu ageungna Rp. 250.000,-.


lalayang girimukti online copyright©2002 - desain ku dadan_sutisna@hotmail.com