Ku Dadan Sutisna & Hawé
Setiawan
JEJEG tujuh puluh taun
Tini Kartini taun ieu téh. Aya ku kabeneran, manéhna
dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2002 dina widang jasa. Ciri
bukti gedé jasana enggoning ngahirup-huripkeun basa katut
sastra Sunda.
Ti antara runtuyan inohong anu dilélér Hadiah Sastra Rancagé
dina widang jasa, Tini téh nu kaopat welas, tur anu
munggaran pikeun wanoja mah. Saméméhna, wanoja anu
mareunang éta hadiah téh kakara dina widang karya, nu
mangrupa buku téa. Ku kabeneran deuih, taun ieu mah anu
mareunang Rancagé ti lingkungan sastra Sunda téh wanoja
wungkul, boh pikeun karya (Holisoh M.É), boh pikeun jasa.
Ti sawatara pangarang Sunda, babakuna ti lingkungan PP-SS
(Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda), aya hojah pikeun milu
ngabagéakeun. Nu diusulkeun téh antarana medalkeun deui
atawa mindo citak sawatara karya Tini kayaning kumpulan
carpon Jurig!, Paméran, Nyi Karsih
jeung novél Paséa, katut bacaeun barudak Jurig
Kabayan. Ku lantaran aripis, sigana leuwih hadé mun
dipindo citak kalayan disajilidkeun, minangka antologi anu
sipatna rétrospektip.
Kawilang réa saenyana mah nu bisa tur perelu dipesék tina
kahirupan Tini téh. Boh pangalamanana icikibung di talaga
sastra, boh kaparigelanana dina widang panalungtikan, pon
kitu deui pangalamanana enggoning ngawangun tur ngokolakeun
pabukon, karasa pentingna mun téa mah aya nu haat nyukcruk
tepi ka puhuna.
Tini lahir di Tasikmalaya, 29 Oktober 1933. Tamat ti SGA,
kungsi jadi guru bari milu keurseus B-1 Basa Sunda. Terus
Tini nyuprih pangarti di IKIP Bandung, Jurusan Basa jeung
Sastra Indonésia tepi ka hatamna. Kungsi ngajar di SGA
Tasikmalaya, terus pindah ka Kanwil Depdikbud Jawa Barat
tepi ka pangsiunna. Kungsi deuih ngadosénan di Universitas
Pasundan, Bandung.
Mangsa milu keurseus B-1, Tini sakelas pisan jeung Ahmad
Bakri, pangarang produktif ti Ciamis téa. Harita mah Ahmad
Bakri ogé tacan ngarang. Tapi ari kereteg kana ngarang geus
aya, da lamun keur pareng ngawangkong téh, sok nyaritakeun
sabudeureun kurung-karang.
“Cék Tétéh ka Mang Bakri, urang nyobaan
wé atuh nyieun karangan. Da rarasaan mah bakal bisa. Enya
baé, heuleut sawatara taun ti harita, Mang Bakri mimiti
nyieun carita pondok. Mani murudul deuih, produktif pisan,”
cék Tini basa ditepungan di kantorna, Jl. Mutumanikam 69,
Bandung. Ari Tini mah mimiti ngarangna taun 1959. Sajak
jeung carita pondok nu sok dikarangna téh, nu dipidangkeun
na koran Sipatahoenan. Saterusna mah nya Tini téh
kasebut salah saurang wanoja pangarang Sunda anu moyan.
Malahan basa para wanoja pangarang Sunda ngadegkeun
organisasi PATREM, nya Tini pisan nu pangheulana kapilih
jadi pupuhuna téh.
Tapi kahirupan Tini teu kawatesanan ku ngarang piksi. Di
sagédéngeun kurung-karang téh, sok ngayakeun panalungtikan
deuih, boh sosoranganan boh babarengan. Cara nu dicatet dina
Ensiklopedi Sunda (Pustaka Jaya, 2000), ti antara
hasil-hasil panalungtikan nu ngalibetkeun Tini minangka
panalungtikna téh nyaéta Daéng Kanduruan Ardiwinata,
Sastrawan Sunda (1979), Yuhana, Sastrawan Sunda
(1979), Biografi dan Karya Pujangga Haji Masan Mustapa
(1985), Undak-usuk Basa Sunda, jeung lian-lianna
deui.
Carpon Tini anu dijudulan “Nyi Karsih” kungsi
diindonésiakeun ku Ajip Rosidi. Dimuat dina koléksi Dua
Orang Dukun (Yayasan Obor Indonésia, 2001), bareng jeung
tarjamahan tina karya para pangarang Sunda liannya,
karangan Tini nu éta geus milu ngabeungharan sastra
Indonésia.
Tini gé kungsi nyundakeun sawatara carpon beunang para
pangarang dunya kayaning Akutagawa Ryunosuké, Mishima Yukio,
Soséki Natsumé, Somerset Maugham, John Stéinbéck, jeung
lian-lianna deui. Tétéla, manéhna mah lain baé resep
ngarang tapi deuih resep macaan karangan nu séjén. Réa
bahan babandingan, réa luang geusan ngajembaran wawasan.
Ongkoh da Tini mah sapopoéna gé pagilinggisik jeung
pirang-pirang buku. Kapan manéhna téh tepi ka kiwari milu
ngokolakeun Taman Pustaka Doddy Tisna Amidjaja, di Bandung.
Tini jeung pabukon Pa Doddy sasatna geus ngahiji.
Aya pantesna resep ngotok ngowo di pabukon téh, da puguh ti
keur budak ogé geus resep maca. Di imah sok ngahaja dipentés
maca ku kolot, dibarandungan ku saréréa. Ari buku anu sok
dibaca harita téh ti antarana Mantri Jero-na R.
Méméd Sastrahadiprawira, jeung sawatara karya deungeun anu
geus ditarjamahkeun kana basa Sunda, kayaning Monté
Cristo-na Alexandre Dumas jeung Robinson
Crusoe-na Daniel Defoe. Ti harita deuih, Tini jadi
mindeng macaan karya-karya deungeun, pangpangna karangan
Anton Chekov.
Malah bakating ku “kagégéloan” ku buku, Tini remen nganjang
ka taman bacaan di Cianjur. “Di éta pabukon téh, aya
katangtuan, lamun dibawa ka imah kudu mayar, mun dibaca di
dinya mah henteu mayar. Tétéh mah dibaca di pabukon baé,
ngarah teu mayar!” pokna, ngumbar panineunganana.
Kiwari, sumanget Tini enggoning maca jeung ngarang, nu
nunduhkeun katineungna kana basa katut sastra Sunda, geus
meunang pangbagéa ti balaréa. “Nya saé wé, geuningan aya
kénéh anu haat masihan pangajén kana basa jeung sastra
Sunda, tur mayeng deuih. Nanging ari kedahna mah, nu gaduh
kereteg jeung prakna téh, sanés Ajip wungkul,” pokna.
Hadiah téa baris dipasrahkeun Agustus engké. Tangtuna gé
milu ngécéskeun salah sahiji moméntum penting dina kahirupan
Tini. Kawas layung nu hurung mapaésan sandékala.
Bagéa, Tétéh.[]
Hawé Setiawan
dan
Dadan Sutisna, rumpaka
Lalayang Girimukti