Neang Paraji
Ku :
Dadan Sutisna
Keur
maturan ngaronda peuting eta teh. Atuda di lembur keur
meujeuhna usum bangsat.
"Geus jam sabaraha, Dun?" cek kuring, ka Si Sadun.
"Kakara oge jam sapuluh. Ku naon, geus hayang balik?"
"Teu pisan-pisan ari hayang balik mah, kuriak dicarekan ku
Pa Erte, heg didengda, apan cilaka tah!"
"Keun bae, da maneh mah lain bagean ngaronda ieu. Ukur
maturan lin, di dieu oge?"
"Heueuh, nyingkahan mitoha puguh oge. Lain, meujeuhna
meureun mun ngadurukan. Geura ngumpulkeun regang ka dituh,
urang meuleum sampeu!"
"Sampeu ti mana?"
"Naha make tatanya sagala, biasana oge apan nyabut ti kebon
Mang Haji. Geus apaleun ieuh, sok diala ku nu ngaronda!"
"Dagoan atuh!" Si Sadun ngaleos rek ngumpulkeun regang. Ari
Si Kasim mah keur ngaringkuk disimbut sarungna. Kerekna mani
kuar-kieur.
Sabot Si Sadun neangan regang, katembong rentang-rentang aya
nu leumpang ngagedig. Sugan teh bangsat. Basa geus nepi ka
nu caang, katembong kumisna jalatreng. Nyoren bedog, make
calana kampret. Sidik pisan Bah Wirya, mitoha kuring.
"Aya Si Astahiam di dieu?" pokna, satengah ngagorowok. Si
Kasim nu keur hees nepi ka ngorejat atuh, asa
kagareuwahkeun.
"Mana bangsatna, ku aing urang bebek!" Si Kasim hut-het.
"Sare deui, Kasim. Euweuh nanaon da!" cek kuring.
"Tah geuning, kalahka ngajedog di dieu. Na aya minantu
nurustunjung teuing!" Bah Wirya ngadeukeutan.
"Aya naon, Bah?" kuring rada murengked. Mani asa sabekbekeun
ditonjok ku peureupna nu sagede sirah orok.
"Lain aya naon-aya naon. Cik atuh, kawas hirup lalagasan
bae. Teu karuh-karuh ngajedog di garduh. Bagean ngaronda
lain. Piraku ku aing diserahkeun!"
"Har, da uing mah lain pamajikan Abah. Pantesna oge uing nu
nyerahkeun mah, nyerahkeun anak Abah. Tapi da moal, bogoh
keneh!"
"Teu uyahan, siah. Piraku dicacag mah ku aing. Ukur
ngariweukeun kolot pagawean teh!"
"Enya, aya naon atuh?"
"Si Nyai karasa beuteung!" pokna, bari muril-muril kumis,
siga adu-hareupan jeung satru bae. Rada ngagebeg ngadenge
kitu mah.
"Nu bener, Bah?"
"Iraha kitu aing ngabohong?"
"Kamari. Cenah Abah rek ka sawah, geuning kalah ka nyimpang
ka randa Esih?"
"Gandeng, siah. Kumaha mun aya Si Ambu!"
"Enya kitu Si Nyai teh karasa beuteung?"
"Ambuing, acan percaya keneh?"
"Enya, percaya, percaya. Jadi ayeuna teh kudu neang paraji
meureun. Kitu pan maksud Abah teh. Siap lah!" kop kana
senter, gedig waeh indit. Katembong sareretan Bah Wirya
olohok, siga engab rek nyarita, tapi teu kaburu da kuringna
ngaleos manten. Basa direret ka tukang, siga rek nyusul.
Lengkah gancang dikerepan.
Misah lembur imah Nini Paraji teh. Kudu ngaliwatan heula
sawah, kebon, meuntas walungan, terus nanjak. Jalan satapak
nu disorang poek mongkleng. Cacak lamun henteu mawa senter
mah, boa kudu kakarayapan. Boa terus tikosewad mah,
ngajuralit kana gawir. Palias teuing.
Basa kuring keketrok, Nini Paraji siga geus bebenah rek
sare. Eta we, mukakeun panto teh siga lulungu keneh.
"Rek dibawa ka mana Si Nini, ulah diiwat Sujang!" cek
salakina.
"Na aki-aki teh, kawas nu ngalindur bae. Aya nu rek ngajuru
deuleu!" Nini Paraji muncereng. "Hayu Sujang, antepkeun weh
aki-aki tujuh mulud mah!"
Lempang sakitu jauhna, bari nuturkeun nini-nini, puguh bae
lila. Tengah peuting kakara nepi ka lembur. Nu ngaronda geus
euweuh di garduh, sigana mah keur ngurilingan lembur. Basa
rek nepi pisan ka imah, katembong aya nu mawa obor. Kang
Obay singhoreng teh.
"Rek kamana?" cek kuring, basa geus aduhareupan.
"Rek neang paraji puguh oge. Pamajikan karasa beuteung,"
"Ieu Nini Paraji mah geus kabawa ku kuring,"
"Etah geuning hideng?" Kang Obay semu bungah.
"Lain hideng, da kuring mah dititah Si Abah!"
"Baruk, Si Abah rek boga deui budak. Na iraha Si Ambu
kakandungan, asa teu katembong bureuyeungna?"
Henteu diwaro.
Basa rek nepi pisan ka golodog, Bah Wirya geus ngajanteng
bari nulak cangkeng.
"Na aya minantu nurustunjung teuing. Keur nanahaon make
neang paraji?" pokna, bari jalang-jeleng.
"Har, apan Si Nyai karasa beuteung, lin?"
"Abong jelema ngalindur. Kawas lain ka pamajikan bae. Na
iraha Si Nyai kakandungan? Nyeri beuteung soteh, lantaran
beurangna tas ngadahar rujak. Ka dieu siah, disurilam ku
dewek geura!"
"Aeh, heueuh, nya!" kuring nepak tara, kakara sadar. "Tapi
Bah, da kuring mah mangneangkeun paraji soteh, keur Kang
Obay, pamajikanana rek ngajuru!"
"Wadul siah. Ka dieu, tuh Si Nyai haharegungan keneh. Ngala
pucuk jambu anggursi!"
Kuring ngareret ka Kang Obay.
"Mangga bae candak Nini Paraji mah, Kang Obay. Ngan engke
balikna, wayahna panganteurkeun!"
"Nuhun atuh!"
Nini Paraji tibang gogodeg.***
|