Buku Batur Hirup
Ku Tan Malaka
Disundakeun ku Hawe
Setiawan
INGET kénéh aya
sawatara jalma nu sok nyindiran almarhum Léon
Trotsky. Pédah
éta, basa dibuang ka Alma Ata, manéhna mawa buku
mangpeti-peti. Aya deuih sawatara karangan nu
nyabit-nyabit kabiasaan Muhammad Hatta dibaturan
buku sakitu peti ka tempat pembuanganana.
Éstu kaharti naon pangna éta dua
pamingpin téh tepi ka kitu. Malah saenyana mah
kuring sok handeueul teu bisa siga maranéhna, teu
weléh gagal waé unggal nyoba-nyoba milampah kitu
téh.
Jalma nu hirupna ngandelkeun
pikiran tepikeuneun ka balaréa, boh ku péna boh ku
biwir, merelukeun pustaka nu cukup. Tukang némbok
pamohalan bisa ngawangun gedong, mun taya
bahanna kayaning semén, batu, bata jeung sajabana
ti éta. Pangarang atawa ahli biantara, perelu
nyatet buku musuhna, ihwanna katut guruna.
Catetan anu imeut tur jitu bisa nalukkeun musuh
kalayan singget pisan jeung bisa ngarebut
kamupakatan tur kapercayaan nu ngandung simpati
sagemblengna. Boh dina polémik, boh dina perang
péna, pon kitu deui dina propaganda, catetan téh
teu bisa diculkeun,
teu bina ti semén jeung batu-batu pikeun
ngawangun gedong. Lian
ti dipaké
minangka bahan catetan, buku-buku nu
ngandung ajén téh tinangtu gedé paédahna keur
nambahan kaweruh dina hartina anu jembar.
Basa kuring munggaran dibuang ti
Indonésia dina tanggal 22 Maret 1922, kawilang
réa buku nu kabawa, sanajan teu leuwih ti sapeti
gedé. Aya buku-buku agama, Qur’an jeung Bibel,
Budhisme, Konfusianisme, Darwinisme, buku
perkara ékonomi boh nu liberal boh nu sosialistis
atawa komunistis, perkara pulitik ti mimiti liberalisme tepi ka
komunisme, buku-buku riwayat inohong dunya,
sababaraha buku ngeunaan élmuning perang jeung
buku pangajaran ti mimiti élmuning ngitung tepi
ka élmuning ngatik. Hanjakal, pustaka nu sakitu
lilana maturan tur ngadidik téh kapaksa
ditinggalkeun di Nederland. Ari sababna, indit
ka Moskow kudu ngaliwatan Polandia anu
mumusuhan jeung komunisme ...
Dalapan bulan nganjrek di Moskow
kuring jarang pisan maca… Kitu deui basa
ninggalkeun Rusia, teu mawa buku nanaon, dalah
buku catetan gé henteu, da puguh pamariksaan di
tapel wates Rusia téh kacida telikna.
Tapi sadatangna di Tiongkok terus
ka Indonésia, kuring sumanget ngumpulkeun
buku-buku nu patali jeung ékonomi, pulitik,
sajarah, élmu pangaweruh, sains, katut buku
alanyar ngeunaan sosialisme jeung komunisme.
Ngadatangan toko buku geus jadi kabiasaan nu
maneuh tur dilakonan kalayan sumanget. Kahayang
meulian buku anyar, babakuna nu patali jeung
ékonomi Asia, ngabalukarkeun dompét kuring kawas
bonéka nu teu walakaya…
Basa Jepang perang campuh ngalawan
Tiongkok di Shanghai, ahir taun 1931, tilu poé
lilana kuring kakurung
tukangeun
jalan North Su Chuan Road, meneran pisan
di tempat pangperangan anu munggaran. Ti North
Su Chuan Road téa, Jepang némbak ka lebah Pao Shan
Road, kitu deui sabalikna soldadu Tiongkok. Di
satengahing kaayaan saperti kitu, kuring jeung
buku-buku téa teu bisa walakaya. Sanggeus dua
tilu poé, tentara Jepang ngidinan pangeusi kampung
pindah, ngungsi ka tempat nu leuwih aman dina
témpo tibang lima menit. Puguh wé pabukon kuring
kudu ditinggalkeun. Basa kuring
balik deui ka dinya sabada perang,
sanggeusna ditinggalkeun sabulan lilana, teu nyésa
salambar-lambar acan buku téh. Kacida rapihna
lailong alias tukang copét téh digarawéna.
Tapi kuring teu peunggas
harepan.
Satungtung aya kénéh
toko buku
mah, tinangtu pabukon téh
bisa diusahakeun
deui. Mun perlu, jeung
mémang
perlu,
papakéan katut kadaharan
bisa dikurangan.
Tepi ka kuring ditangkep
di Hongkong
dina tanggal 10 Oktober 1932, geus boga deui buku
sapeti. Sanggeusna dua bulan ngaringkuk di
pangbérokan, kuring dileupaskeun deui,
diheureuykeun kawas ucing ngaheureuykeun
beurit. Deukeuteun Amoy, kuring bisa kabur. Ngan
hanjakal, kudu ninggalkeun pabukon deui baé.
Buku-buku téh, bari teu dibaturan ku kuring,
balayar ka Foechow. Kuring leupas tina bahya, tapi
papisah jeung pustaka. Kalayan nyamar kuring bisa
asup ka Amoy, terus ka pasisian Hok Kian tilu opat
taun lilana, bener-bener nyingkur, istirahat bari
diubar tepi ka cageur.
Pabukon anyar ladang kukumpul di
Amoy ti taun 1936 tepi ka 1937 téh kakubur di
ditu, basa tentara Jepang ngajorag dina taun 1937.
Nya dua atawa tilu buku catetan anu saenyana
kacida pentingna, meunang macaan hésé capé
minangka bahan
pikeun buku-buku nu deuk dikarang,
kapaksa kudu dibalangkeun ka laut deukeuteun
Mérqui, saméméh tepi ka Ranggoon.
Pipisahan jeung éta dua buku
catetan téh kacida sedihna. Tapi béh dieu éta
kaputusan téh horéng teu salah. Duane Ranggoon
mariksaan buku-buku kuring nu masih aya dijero
peti, antarana English Dictionary,
kalayan taliti pisan, tepi ka jilidna
ogénan dipariksaan. Dompét gé teu aman. Antara
Mérqui jeung Ranggoon, di tengah laut, nya di
dinya nyumputna sababaraha buku catetan nu pinuh
ku rarancang garapeun ayeuna.
Salila tilu taun anu munggaran
nganjrek di Singapura kuring hirup téh miskin.
Gajih kacida leutikna—genep satengah rupia
sabulan… Duit téh ngan cukup keur dahar sapopoé.
Papakéan mah geus teu kapikiran. Daptar jadi
anggota taman pustaka (library) teu kaduga
ongkosna. Sok sanajan awak mah kacida jagjagna,
tapi pangaweruh ngan semet ditambahan ku
eusining koran, katut niténan tur ngabandungan
kaayaan. Tapi lila ti lila mah teu burung
meunang pagawéan anu gajihna nyugemakeun pisan.
…Kuring digawé di sakola normal
tingkat
luhur (Nanyang
Chinese Normal School),
jadi guru basa Inggris, tur béh dieu ngajarkeun
matématika deuih boh di jero boh di luareun
lingkungan éta sakola. Nya harita mimiti deui
ngumpulkeun catetan pikeun buku nu deuk dikarang.
Taman Pustaka Raffles (Raffles Library) méré luang
jeung lolongkrang nu lega. Buku nu pangahirna
diinjeum téh Capital karangan Karl Marx.
Ngan baé, ti poé ka poé téh, armada udara Jepang
hayoh baé datang. Unggal usik kudu baé lumpat
sakalumpat-lampét, nyumput di nu singkur. Kaburu
maca Capital soténan ngan di jero lobang
panyumputan, itung-itung ngumpulkeun bahan nu
saenyana mindo maca. Tepi ka 15 Fébruari 1942,
kuring masih kénéh nyepeng Capital katut
sababaraha catetan. Tapi sabada Singapur taluk,
sakumna pengeusi éta nagara, lalaki-awéwé,
kolot-budak digiring ka hiji tanah lapang, bari
jeung kénca-katuhueunana pedang malagrang…
Saméméh ninggalkeun imah indit ka
lapang tempat pamariksaan, untungna téh kuring
kaburu kénéh nyumputkeun buku Capital na
jero cai. Nya di dinya, di Upper Serangon Road,
dina émpang payuneun bumi Tuan Tan Kin Tjan,
nyileukeumna buku Capital téh. Éta buku téh
beunang nginggriskeun tina Das Kapital, nu
ku kuring (harita maké ngaran samaran Tan Ho Seng)
diinjeum ti Taman Pustaka Raffles di Singapur
téa.
Dua-tilu minggu sabada Singapur
taluk, kuring tumpak parahu nyobaan meuntas ka
Sumatera, tapi gagal alatan angin sakal. Kapaksa
nyorang jalan Pénang-Médan. Ampir dua bulan di
jalan antara Singapura jeung Jakarta, ngaliwatan
semenanjung Malaka, Pénang, Selat Malaka (tumpak
parahu layar), Médan, Padang, Lampung, Selat Sunda
(tumpak parahu) jeung Jakarta. Di jalan kuring
kaburu meulian buku-buku dina basa Indonésia.
Antarana Sejarah Indonesia nu kudu
disumputkeun kacida bunina, sabab aya potret
kuring pisan di jerona.[]
(Meunang
nyutat tur nyundakeun Hawé Setiawan tina
“Pendahuluan” Madilog karangan Tan
Malaka wedalan Pusat Data Indikator, Jakarta,
1999, kaca 10-17)