TI mimiti
Pébruari 2003, Panglawungan Girimukti gawé bareng
jeung Radio Kencana, ngayakeun acara gunem catur
sabudeureun buku-buku Sunda. Acarana unggal malem Saptu,
ti jam dalapan tepi ka jam sawelas.
Demi anu dipercaya ngokolakeun éta acara téh nya kuring
pisan. Kilang kitu, ari dina emprona mah remen dibaturan
ku Hawé Setiawan, Dadan Sutisna, jeung Agus Suhérman. Da
puguh upama taya layan ngawangkong mah, moal komunikatif
téa. Pangpangna mah pangaweruh kuring dina widang sastra
Sunda héngkér kénéh. Daék
sotéh jadi koordinator
acara “Panglawungan Girimukti On-Air”,
pédah aya batur pakumaha téa. Kuring ukur jadi
moderatorna, lain narasumberna.
Luyu jeung rarancangna, salah sahiji udagan ieu acara téh
pikeun ngawanohkeun buku-buku Sunda, pangpangna karya
sastra katut pangarangna ka balaréa. Sugan jeung sugan ku
jalan kitu pangajén balaréa kana saniskara hasil karya
pangarang Sunda téh leuwih ngaronjat.
Méh unggal siaran sok aya narasumberna. Dina siaran anu
munggaran, upamana, nu ditanggap téh Hadi AKS, patali
jeung medalna buku kumpulan puisina, Ombak Halimun
(Pamulang, 2002). Sajaba ti madungdengkeun karya-karyana,
ngawanohkeun ongkoh kasang tukang kahirupan Hadi.
Panyajak sina maca sawatara sajakna deuih, terus “dipurak”
ku saréréa.
Minggu kaduana mah nanggap Férry Curtis. Férry téh musisi
jeung vokalis lulusan STSI (Sekolah Tinggi Seni
Indonesia), Bandung, anu kawentar dina widang musik
kontémporér. Sok nganggit lagu, nabeuh hitar tur
ngahaleuang. Kiwari Férry keur nyieun lalaguan tina
sawatara sajak Sunda, ti antarana sajak Rachmat M. Sas
Karana, Sayudi, Wahyu Wibisana, Godi Suwarna, Étti R.S.
jeung Acép Zamzam Noor. Rarancangna mah, lian ti rék
medalkeun kasét tur compact disc (CD) téh,
rumpakana ogé baris dicitak ngarah kabaca ku balaréa. Nya
éta pisan nu jadi marga lantaran pangna Férry diondang
kana “Panglawungan Girimukti” teh. Sabab karancagé Férry
saparakanca téh salah sahiji cara pikeun ngawanohkeun
sastra Sunda ka balaréa.
Minangka variasina, kungsi ngondang Rita Tilla, mahasiswi
Jurusan Karawitan STSI Bandung. Mojang rancunit anu sorana
halimpu. Nya manéhna nu ngahaleuang dina albeum Bohong
Ah téa. Sawatara waktu kaliwat, Rita dilélér Piala
Titim Fatimah, kalayan meunang panglandi “Si Gandrung
Gumiwang”. Sugan wé atuh, balaréa nu sok ngadéngékeun
lalaguan Rita, pangpangna nu ngarora, milu kajurung
niténan kandaga sastra Sunda.
Dian Héndrayana deuih nu kungsi diondang téh.
Wangkonganana museur kana buku kumpulan carita pondok
karanganana, Lalakon Bingbang (Rawayan, 2001).
Sanajan keur rada riweuh nataharkeun jatukrami, tapi Dian
masih kénéh kaduga milu siaran. Pon kitu deui, ngawangkong
perkara sastra, teu pahili jeung urusan unak-anik
rarancang kawin.
Étti R.S. ogé kungsi diondang. Balaréa sastra Sunda hamo
bireuk deui ka ieu panyajak nu geus medalkeun kumpulan
sajak Gondéwa, Jamparing jeung Maung
Bayangan téa. Malah apan Maung Bayangan mah dilélér
Hadiah Sastra Rancagé 1995. Nu matak kayungyun,
dina éta acara, Étti maké jeung nembang sagala, manca kaki
ku pupuh dangdanggula. Demi wangkonganana museur kana
prosés kréatifna, eusining karya-karyana, jeung kasang
tukang kahirupanana.
Ti antara nu ngadangukeun, aya
nu nelepon, ngarasa
kagagas kana lalampahanana baheula.
Basa geunjleung pédah aya nu béjana leuweung kota di
Babakan Siliwangi rék digunasika, PG on-air gé
pipilueun mairan wangkongan balaréa. Narasumberna
Dédén Sambas, pupuhu SOS (Sanggar Olah Seni), anu
sekertariatna aya di Babakan Siliwangi. Ngan tangtu
baé carana béda. Dina PG on-air mah, Dédén diajak
ngalenyepan perkara
lingkungan ngaliwatan sawatara sajak Sunda anu
dimuat dina antologi Kandjutkundang
(Balé Pustaka, 1963)
susunan Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga.
Dina éta antologi, aya sawatara sajak nu patali jeung
pirang-pirang bancang pakéwuh nu karandapan ku Tatar
Sunda.
Tadina mah, dina siaran anu kadalapan, rék nanggap Holisoh
MÉ anu dilélér Hadiah Sastra Rancagé dumasar kana novélna,
Kembang-Kembang Petingan (Kiblat Buku Utama, 2002).
Hanjakal teu kabiruyungan, lantaran aya pasualan téknis,
pangpangna mah padumukan Holisoh MÉ téh perenahna di
Tanjungsari, Sumedang. Mangkaning siaran téh apan
peuting.
Papadaning kitu, najan taya narasumber, tara nepi ka
bongkor. Da kapan bukuna mah nyampak, kari murak. Der wé
silih tembrakkeun pamanggih ti antara kuring, Agus, Hawé,
jeung Dadan ngeunaan Kembang-Kembang Petingan. Teu
burung papanjangan tepi ka cacapna siaran.
Kawas nu kangeungeunahan teu maké narasumber. Ah, da nu
penting mah nepikeun jejerna ka balaréa, kitu pikir téh.
Cara basa mesék buku carita budak anu judulna Si Dirun
karangan Samsoedi (Kiblat Buku Utama, 2002). Nu hoghag téh
babakuna mah Hawé jeung Dadan. Ongkoh da Dadan gé kasebut
salah sahiji pangarang Sunda anu kiwari sok ngarang carita
bacaeun barudak deuih.
Kungsi deuih siaran téh ngan paduduaan,
kuring jeung Dadan. Ari nu ditepikeunana buku Dukun
Lepus karangan Ahmad Bakri (Kiblat Buku Utama, 2002).
Aya anu nelepon ka studio. ”Ieu téh keur acara Ahmad Bakri
Show?” kitu cenah gé. Tapi nu matak ngagebeg mah,
aya nu komplén duméh dina éta siaran—teuing kuring, teuing
Dadan—kacalétot nyabit-nyabit “Ibu Nanie Sudarma”.
Padahal mah, ceuk nu nelepon, Nanie Sudarma mah pameget,
lain isteri. Malahan mah nu nelepon téh ngakukeunana mah
putuna Nanie Sudarma pisan. Jadi kapiring leutik antukna
mah.
Selang dua minggu noron, teu siaran. Lain pédah kungsi
kaceletot téa, tapi ku lantaran aya gangguan téknis di
radio. Pemancar radio téh runtuh katarajang hujan
angin. Kakara minggu kaopat bulan Maret, bisa siaran deui
téh.
Dina acara nu kadua welas, aya deui “béntang tamu”: Éma
Nur’aripah, mahasiswi IAIN (Institut Agama Islam Negeri)
Sunan Gunung Djati, anu kapilih jadi aktris pinunjul dina
Féstival Drama Basa Sunda taun 2001. Éma diajakan
ngawangkong ngeunaan buku Sripanggung, karangan
Caraka. Pikiran téh, cocog wé da kapan Éma gé sripanggung
deuih.
Kitu dongéngna “Panglawungan Girimukti”
na radio téh. Saterusna mah, wilujeng
ngadangukeun.[]
Dhipa Galuh
Purba,
pangarang, koordinator acara “Panglawungan Girimukti” di
Radio Kencana Bandung.