Kaca Payun

Perkawis Girimukti

Gapura

Padungdengan

Tagog

Nu Maca

Perkawis

Rumpaka

Béwara

Résénsi Buku

Kolom Ajip Rosidi

Ésséy

Carita Pondok

Sajak-Dangding

Guguyon

Kleub Buku

Arsip Lalayang

 

 

 - Tagog -


Tina Kahirupan Tini Kartini

Ku Dadan Sutisna & Hawé Setiawan

JEJEG tujuh puluh taun Tini Kartini taun ieu téh. Aya ku kabeneran, manéhna  dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2002 dina widang jasa. Ciri bukti gedé jasana eng­goning ngahirup-huripkeun basa katut sastra Sunda.

Ti antara runtuyan inohong anu dilélér Hadiah Sastra Rancagé dina widang jasa, Tini téh nu kaopat welas, tur anu mung­garan pikeun wanoja mah. Saméméhna, wanoja anu mareunang éta hadiah téh kakara dina widang karya, nu mangrupa buku téa. Ku kabeneran deuih, taun ieu mah anu mareunang Rancagé ti lingkungan sastra Sunda téh wanoja wungkul, boh pikeun karya (Holisoh M.É), boh pikeun jasa.

Ti sawatara pangarang Sunda, ba­bakuna ti lingkungan PP-SS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda), aya hojah pikeun milu ngabagéakeun. Nu diusulkeun téh antarana medalkeun deui atawa mindo citak sawatara karya Tini kayaning kum­pulan carpon Jurig!, Paméran, Nyi Karsih jeung novél Paséa, katut bacaeun barudak Jurig Kabayan. Ku lantaran aripis, sigana leuwih hadé mun dipindo citak kalayan disajilidkeun, minangka antologi anu sipat­na rétrospektip.

Kawilang réa saenyana mah nu bisa tur perelu dipesék tina kahirupan Tini téh. Boh pangalamanana icikibung di talaga sastra, boh kaparigelanana dina widang pana­lungtik­an, pon kitu deui pangalamanana enggoning ngawangun tur ngokolakeun pabukon, karasa pentingna mun téa mah aya nu haat nyukcruk tepi ka puhuna.

Tini lahir di Tasikmalaya, 29 Oktober 1933. Tamat ti SGA, kungsi jadi guru bari milu keurseus B-1 Basa Sunda. Terus Tini nyuprih pangarti di IKIP Bandung, Jurusan Basa jeung Sastra Indonésia tepi ka ha­tamna. Kungsi ngajar di SGA Tasikmalaya, terus pindah ka Kanwil Depdikbud Jawa Barat tepi ka pangsiunna. Kungsi deuih nga­dosénan di Universitas Pasundan, Ban­dung.

Mangsa milu keurseus B-1, Tini sakelas pisan jeung Ahmad Bakri, pangarang pro­duktif ti Ciamis téa. Harita mah Ahmad Bakri ogé tacan ngarang. Tapi ari kereteg kana ngarang geus aya, da lamun keur pa­reng ngawangkong téh, sok nyaritakeun sabudeureun kurung-karang.

“Cék Tétéh ka Mang Bakri, urang nyoba­an wé atuh nyieun karangan. Da rarasaan mah  bakal bisa. Enya baé, heuleut sawa­tara taun ti harita, Mang Bakri mimiti nyieun carita pondok. Mani murudul deuih, pro­duktif pisan,” cék Tini basa ditepungan di kantorna, Jl. Mutumanikam 69, Bandung. Ari Tini mah mimiti ngarangna taun 1959. Sajak jeung carita pondok nu sok di­karang­na téh, nu dipidangkeun na koran Sipata­hoenan. Saterusna mah nya Tini téh kasebut salah saurang wanoja pangarang Sunda anu moyan. Malahan basa para wa­noja pangarang Sunda ngadegkeun orga­ni­sasi PATREM, nya Tini pisan nu pang­heula­na kapilih jadi pupuhuna téh.

Tapi kahirupan Tini teu kawatesanan ku ngarang piksi. Di sagédéngeun kurung-karang téh, sok ngayakeun panalungtikan deuih, boh sosoranganan boh babarengan. Cara nu dicatet dina Ensiklopedi Sunda (Pus­taka Jaya, 2000), ti antara hasil-hasil pa­nalungtikan nu ngalibetkeun Tini minangka panalungtikna téh nyaéta Daéng Kanduruan Ardiwinata, Sastrawan Sunda (1979), Yuhana, Sastrawan Sunda (1979), Biografi dan Karya Pujangga Haji Masan Mustapa (1985), Undak-usuk Basa Sunda, jeung lian-lianna deui. 

Carpon Tini anu dijudulan “Nyi Karsih” kungsi diindonésiakeun ku Ajip Rosidi. Di­muat dina koléksi Dua Orang Dukun (Yayasan Obor Indonésia, 2001), bareng jeung tar­jamahan tina karya para pangarang Sunda liannya, karangan Tini nu éta geus milu ngabeungharan sastra Indonésia.

Tini gé kungsi nyundakeun sawatara carpon beunang para pangarang dunya kayaning Akutagawa Ryunosuké, Mishima Yukio, Soséki Natsumé, Somerset Maug­ham, John Stéinbéck, jeung lian-lianna deui. Tétéla, manéhna mah lain baé resep nga­rang tapi deuih resep macaan karangan nu séjén. Réa bahan babandingan, réa luang geusan ngajembaran wawasan.

Ongkoh da Tini mah sapopoéna gé pagi­linggisik jeung pirang-pirang buku. Kapan manéhna téh tepi ka kiwari milu ngo­kolakeun Taman Pustaka Doddy Tisna Amidjaja, di Bandung. Tini jeung pabukon Pa Doddy sasatna geus ngahiji.

Aya pantesna resep ngotok ngowo di pa­bukon téh, da puguh ti keur budak ogé geus resep maca. Di imah sok ngahaja dipentés maca ku kolot, dibarandungan ku saréréa. Ari buku anu sok dibaca harita téh ti antarana Mantri Jero­-na R. Méméd Sastra­hadiprawira, jeung sawatara karya deu­ngeun anu geus ditarjamahkeun kana basa Sunda, kayaning Monté Cristo-na Alexandre Dumas jeung Robinson Crusoe-na Daniel Defoe.  Ti harita deuih, Tini jadi mindeng macaan karya-karya deungeun, pang­pang­na karangan Anton Chekov.

Malah bakating ku “kagégéloan” ku buku, Tini remen nganjang ka taman bacaan di Cianjur. “Di éta pabukon téh, aya ka­tang­tuan, lamun dibawa ka imah kudu mayar, mun dibaca di dinya mah henteu mayar. Tétéh mah dibaca di pabukon baé, ngarah teu mayar!” pokna, ngumbar panineung­anana.

Kiwari, sumanget Tini enggoning maca jeung ngarang, nu nunduhkeun katineungna kana basa katut sastra Sunda, geus meu­nang pangbagéa ti balaréa. “Nya saé wé, geu­ningan aya kénéh anu haat masihan pang­ajén kana basa jeung sastra Sunda, tur mayeng deuih. Nanging ari kedahna mah, nu gaduh kereteg jeung prakna téh, sanés Ajip wungkul,” pokna.

Hadiah téa baris dipasrahkeun Agustus engké. Tangtuna gé milu ngécéskeun salah sahiji moméntum penting dina kahirupan Tini. Kawas layung nu hurung mapaésan sandékala.

Bagéa, Tétéh.[]

 

Hawé Setiawan dan Dadan Sutisna, rumpaka Lalayang Girimukti
 

lalayang girimukti online copyright©2002 - desain ku dadan_sutisna@hotmail.com